Minggu, 07 Agustus 2016

GORÉNG SAMPEU MURUHMUY HIPU (CRISPY)

Lalawuh Goréng Sampeu Hipu Muruhmuy khas Bandung.

Ki dulur méré sampeu aya kana 5 kiloan. Asa ku "pas-pasan" barang béré téh, pas hayang goréng sampeu, pas aya nu méré. Alhamdulillah.

Teu dipindo-gawé, sampeu dipesék maksud rék digoréng muruhmuy hipu. Carana kawilang énténg.

Bahan :

- Sampeu tilu gelempeng (1 kg)
- Bawang bodas 4 sihung
- Uyah, pécin, minyak goréng sacukupna

Carana :

Sampeu dipesék, diberesihan, dipotongan. Terus diseupan nepi ka asak (tong asak teuing).

Réndos bawang bodas, uyah, pécin sing lembut. Terus kana wadahkeun dicaian (caina rada loba keur ngeueuman seupan sampeu).

Jait sampeu nu geus asak diseupan, langsung waktu keur panas kénéh diasupkeun kana wadah cai réndosan bawang bodas téa. Antepkeun 3-5 menit (tong lila teuing bisi ancur moal kapuluk sampeuna). Tina diadu hawa panas jeung tiis, éta sampeu bakal barekéh tur rasa gurih jeung pangsétna nyerep kajero.
Mun geus cukup 5 menitan (kumaha sampeu jeung asakna dina panyeupanan) piceun caina (disaatkeun).

Geus kitu mah kari nagenkeun katél, langsung digoréng nepi ka semu konéng asak. Dijamin goréng sampeu hipu tur muruhmuy.

Video : Dapur Yi Syihabudin
Ujungberung, 070816, 15:30

NGALEUPASKEUN ANAK KUNTUL (EGRETTA GARZETTA)

Keur gedé paré
Kuntul bulu kanyéré
Néangan indung

#haiku_Sunda
---------------------
Ieu video mangrupakeun pangajak ka sakumna manusa, poma ulah ngarogahala sugrining mahluk. Keun ingkeun, sabab Gusti Alloh geus nyiptakeunna éstu pikeun kasaimbangan alam. Sangkan manusa raharja di alam pawenangan.

Manuk kuntul (egretta garzetta) nu karék bijil bulu jangjang murag kabawa angin, indungna kagareuwahkeun hiber ninggalkeun.