Rabu, 24 Juli 2019

Ulin Ka Curug Batu Témplék


ULIN KA CURUG BATU TÉMPLÉK

Curug ieu kasohor ku panelah "Curug Batu Témplék" sok aya ogé nu nyebut Curug Cisanggarung ku sabab pernahna di kampung Cisanggarung Désa Cikadut Kacamatan Cimenyan Kabupatén Bandung. Pangna disebut Curug Batu Témplék, ku sabab ieu curug téh sakurilingeunana ngarupakeun batu témplék jiga meunang ngéntép. Ari curugna nangtawing kira-kira aya kana 50 méteran mah luhurna. Cenah baheulana sok dialaan ieu batu témplék téh, nepi ka nyésakeun urutna jadi curug.

Éndah pisan, cocog pikeun nu resep ulin jarambah mah. Komo lamun maké motor trail bari nguji wawanén. Mayar karcis 10 rébu saurangna, parkir motor wéh 5 rébu. Warung sangu gé aya, rék sangu timbel atawa liwet kari pésen kalawan harga nu kaitung murah kénéh. Fasilitas séjénna saperti tajug jeung jamban umum ogé nyampak.

Ari jalanna pikeun nuju ka Curug Batu Témplék kawilang gampang. Mun ti Ujungberung mah kari terus ka kulon, saméméh gedong LPTQ mengkol katuhu ka jalan Pasir impun, ti dinya mah kari terus wé ka kalérkeun kurang leuwih 4 kilométeran jauhna. Lamun ti Cicaheum mah kari ngétan terus, ké aya plang péngkolan Pasir impun ka kénca.

Jalan ti péngkolan Pasir impun nepi ka péngkolan Kampung Cisanggarung mah aspal mulus. Ngan jalan ti péngkolan Kampung Cisanggarung nepi ka curugna geus butut. Batu koral mayak jaba lalegok jeung heureut mun diukur ku ukuran mobil angkot gé. Kudu ati-ati pisan mawa motorna, paur tiseureuleu pasti nolonjongna kana gawir. Komo jigana lamun usum hujan pasti laleueurna.

Mangga ka nu gedé wawanén bisi rék nyoba turing ka Curug Batu Témplék. Soal pamandangan alam mah jigana moal kaéléhkeun ku Curug Niagara. Coba geura telek-telek potrét sim kuring, abong mun teu kabita téh. Lain wungkul nu rék balotram waé tapi nu ngadon olahraga panjat tebing ogé ngajugjug kadarieu.

Bandung, Ahad 14 Juli 2019







Minggu, 10 Maret 2019

"Hayu Urang Saradia", Nadom Panineungan Tarhiman Subuh


Hayu Urang Saradia

Hayu urang saradia 
Meungpeung keur hirup di dunya
Amal keur sampeureun tea
Di ahir moal sulaya 

Geuning maot ngadodoho 
Boro sok dipoho-poho
Datangna teu mere nyaho
Ngageretek taya tempo

Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Di mana ajal geus sumping
Teu meunang embung anaking

Horeng nyawa reujeung badan
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa pipisahan
Paturay tineung pamitan

Lain meureun lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Geuning awak urang pisan

Kaget reuwas mata mencrong
Renghap ranjug munggah bengong
Napas ngangseg na genggerong
Nu deukeut geus teu katembong




Horeng ieu teh sakarat
Dicabut ku malaikat
Nyawa ngangseg mapay urat
Teu aya daya keur lumpat

Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan
Ngabengkang taya dayaan
Rek kumaha pangharepan

Boro mah keur suka bungah
Ngatur napsu seuri bungah
Beak tempo kudu pindah
Nyampeurkeun ka alam barjah

Geus waktu ninggalkeun lembur
Ngajugjug ka alam kubur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur

Rek naon anu dibawa
Duit atawa sawah lega
Meunang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasea

Beunang tisuksruk tidungdung
Nu sok dipake adigung
Kana salat matak liwung
Waktuna jakat mah embung

Ibadah kateler-teler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Lapur badan eunggeus komper
Di tengah imah ngagoler


Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan
Geumpeur pacampur jeung reuwas
Setan mah bati mupuas

Harta anu ngunung-ngunung
Pakean duit satungtung
Ngan ukur boeh asiwung
Ditambah kai keur padung

Lawang amal geus ditutup
Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet henteu sanggup
Padahal waktu mah cukup

Paingan Rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy teu nyubadanan

Ati ngerik pikir liwung
Imah tiiseun jeung suwung
Ngan anak yatim laliwung
Ting garisik ting rariung

Abong poe panganggeusan
Mana beurat rek amitan
Keun imah keun pakarangan
Geuwat keun logak ngantosan

Pasaran mendung dipayung
Ti luhur dirurub sarung
Nu ngiringna semu nguyung
Nangkeup dada tingkuyungkung


Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
Beuki deukeut beuki deukeut
Beuki deukeut beuki deukeut
Kana logak rupek heureut

Duh geuning enggeus nyangkorah
Rup ku padung rap ku lemah
Poek rupek jeung tugenah
Ngarumas pinuh kasusah

Ahli sobat kawawuhan
Teu nolih gancang bubaran
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babarengan

Mana sobat mana dulur
Geuning buriak salembur
Henteu maturan di kubur
Sok komo nambahan umur

Oge harta banda kuring
Nu dipuhit beurang peuting
Cik mana anu rek ngaping
Geuning geus kieu mah kuring

Hanjakal aduh hanjakal
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel

Naon keur panyinglar sedih
Nahan ku cimata getih
Tawa bangkieung jungkelih
Harta mah geuning teu nolih


Enggeus montong rek sasambat
Teu guna enggeus kaliwat
Bongan bareto teu toat
Teu kurang nu nganasehat

Tong hantem hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek tunggu jawab sorangan
Geura jawab pariksaan

Pangemutan parantosan
Mangga geura aremutan
Sugan manawi jeung sugan
Ngajadi kamaslahatan

Ku maca ieu pepeling
Muga sing jadi panggeuing
Da Gusti Anu Ngajaring
Siang jeung wengi diaping

(Tarhiman di Ciakarkolot – Garut, 1989)