Minggu, 10 Maret 2019

"Hayu Urang Saradia", Nadom Panineungan Tarhiman Subuh


Hayu Urang Saradia

Hayu urang saradia 
Meungpeung keur hirup di dunya
Amal keur sampeureun tea
Di ahir moal sulaya 

Geuning maot ngadodoho 
Boro sok dipoho-poho
Datangna teu mere nyaho
Ngageretek taya tempo

Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Di mana ajal geus sumping
Teu meunang embung anaking

Horeng nyawa reujeung badan
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa pipisahan
Paturay tineung pamitan

Lain meureun lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Geuning awak urang pisan

Kaget reuwas mata mencrong
Renghap ranjug munggah bengong
Napas ngangseg na genggerong
Nu deukeut geus teu katembong




Horeng ieu teh sakarat
Dicabut ku malaikat
Nyawa ngangseg mapay urat
Teu aya daya keur lumpat

Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan
Ngabengkang taya dayaan
Rek kumaha pangharepan

Boro mah keur suka bungah
Ngatur napsu seuri bungah
Beak tempo kudu pindah
Nyampeurkeun ka alam barjah

Geus waktu ninggalkeun lembur
Ngajugjug ka alam kubur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur

Rek naon anu dibawa
Duit atawa sawah lega
Meunang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasea

Beunang tisuksruk tidungdung
Nu sok dipake adigung
Kana salat matak liwung
Waktuna jakat mah embung

Ibadah kateler-teler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Lapur badan eunggeus komper
Di tengah imah ngagoler


Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan
Geumpeur pacampur jeung reuwas
Setan mah bati mupuas

Harta anu ngunung-ngunung
Pakean duit satungtung
Ngan ukur boeh asiwung
Ditambah kai keur padung

Lawang amal geus ditutup
Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet henteu sanggup
Padahal waktu mah cukup

Paingan Rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy teu nyubadanan

Ati ngerik pikir liwung
Imah tiiseun jeung suwung
Ngan anak yatim laliwung
Ting garisik ting rariung

Abong poe panganggeusan
Mana beurat rek amitan
Keun imah keun pakarangan
Geuwat keun logak ngantosan

Pasaran mendung dipayung
Ti luhur dirurub sarung
Nu ngiringna semu nguyung
Nangkeup dada tingkuyungkung


Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
Beuki deukeut beuki deukeut
Beuki deukeut beuki deukeut
Kana logak rupek heureut

Duh geuning enggeus nyangkorah
Rup ku padung rap ku lemah
Poek rupek jeung tugenah
Ngarumas pinuh kasusah

Ahli sobat kawawuhan
Teu nolih gancang bubaran
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babarengan

Mana sobat mana dulur
Geuning buriak salembur
Henteu maturan di kubur
Sok komo nambahan umur

Oge harta banda kuring
Nu dipuhit beurang peuting
Cik mana anu rek ngaping
Geuning geus kieu mah kuring

Hanjakal aduh hanjakal
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel

Naon keur panyinglar sedih
Nahan ku cimata getih
Tawa bangkieung jungkelih
Harta mah geuning teu nolih


Enggeus montong rek sasambat
Teu guna enggeus kaliwat
Bongan bareto teu toat
Teu kurang nu nganasehat

Tong hantem hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek tunggu jawab sorangan
Geura jawab pariksaan

Pangemutan parantosan
Mangga geura aremutan
Sugan manawi jeung sugan
Ngajadi kamaslahatan

Ku maca ieu pepeling
Muga sing jadi panggeuing
Da Gusti Anu Ngajaring
Siang jeung wengi diaping

(Tarhiman di Ciakarkolot – Garut, 1989)

Syi'ir Tanpo Waton Versi Basa Sunda


Nadom Pangeling Diri

TARJAMAH SYI’IR TANPO WATON

Yasana : KH Mohammad Nizam As-shofa Pimpinan Pesantren Ahlus-Shofa Wal-Wafa
Wonoayu – Sidoarjo, Jawa Timur


Ya Rosulalloh salaamun'alaik # Ya Rofi'asyaani waddaarojii

'Athfata
Ya Jiirotal'alaami # Ya Uuhailal juudi walkaromi.....2X

Ngawitan abdi maos syi’iran
Kalawan muji Gusti Pangeran
Dzat
Nu Maparin rahmat kanimatan
Siang jeung wengi teu itung-itungan 2x

Duh dulur-dulur ka sadayana
Ulah mung ngaji wungkul syare’atna
Kur pinter dongeng, nulis jeung maca
Ahirna hungkul meunang sangsara 2x

Loba nu apal Qur’an jeung
Hadist
Seneng ngafirkeun jalma lian
na
Kafir sorangan teu dipalire
Padahal masih kotor hatena 2x

Gampang kabujuk nafsu angkara
Dina hiasan gebyarna dunya
Iri jeung dengki beunghar tatangga
Jadi atina poek jeung nista 2x

Yu dulur-dulur ulah mopohokeun
Wajib ngaji jeung kana ningkatkeu
nna
Pikeun ngandelkeun
Iman Taohidna
Saena bekel mulya maotna 2x

Jalma nu s
oleh sae atina
Margi sampurna kaelmuanana
Ngangge thoriqot sareng ma’rifatna
Dugi hakekat lebet manahna
2x


Al-Qur’an
Qodim wahyu nu mulya
Henteu ditulis bisa dibaca
Eta wejangan guru waskita
Ditance
bkeun dina jero dada 2x

Nempel
na ati reujeung pikiran
Asup
na badan ka beh jerona
Mu’jizat R
osul jadi pedoman
Minangka jalan lebetna
Iman 2x

Kalawan All
oh Nu Maha Suci
Masrahkeun diri siang jeung wengi
Ditirakatan di
-riyadhohan
Dzikir jeung suluk ulah dipohokeun 2x

Hirupna tengtrem ngarasa aman
Eta
teh tanda jalma nu Iman
Sabar narima najan pas-pasan
Sadaya takdir ti Gusti Pangeran 2x

Ka dulur, batur re
ujeung tatangga
Kudu rarukun ulah pasea
Eta
teh sunnah Rasul nu mulya
Nabi Muhammad panutan urang 2x

Yu ngalakonan sakabehanna
All
oh bakal ngangkat darajatna
Sanajan handap d
arajat lahirna
Tapi mulya mungguh All
oh Ta’ala 2x

Mun timang mangsa
dina ahirna
Moal kasasar
eroh jeung sukmana
Di puji All
oh surga tempatna
We
uteuh mayitna oge kafanna 2x

Diserat deui ku : Syihabudin
Masjid Al Ikhlash RW.08 Pasanggrahan Ujungberung