Buruan (Halaman depan rumah, Id) baheula mah tempat ulin jeung suka bungahna barudak. Di buruan kabentuk rasa sosial jeung sosobatan anu dalit. Dina ieu blog mah buruan téh ngarupakeun hiji palataran digital anu nulis pikeun namplokkeun rasa jiwa dina tulisan kana mangsa nu geus lawas kasorang, atawa nu keur dirandapan, ogé pangajam dina mangsa nu bakal datang tina sagala rupaning lalakon kahirupan.
Rabu, 24 Juli 2019
Ulin Ka Curug Batu Témplék
ULIN KA CURUG BATU TÉMPLÉK
Curug ieu kasohor ku panelah "Curug Batu Témplék" sok aya ogé nu nyebut Curug Cisanggarung ku sabab pernahna di kampung Cisanggarung Désa Cikadut Kacamatan Cimenyan Kabupatén Bandung. Pangna disebut Curug Batu Témplék, ku sabab ieu curug téh sakurilingeunana ngarupakeun batu témplék jiga meunang ngéntép. Ari curugna nangtawing kira-kira aya kana 50 méteran mah luhurna. Cenah baheulana sok dialaan ieu batu témplék téh, nepi ka nyésakeun urutna jadi curug.
Éndah pisan, cocog pikeun nu resep ulin jarambah mah. Komo lamun maké motor trail bari nguji wawanén. Mayar karcis 10 rébu saurangna, parkir motor wéh 5 rébu. Warung sangu gé aya, rék sangu timbel atawa liwet kari pésen kalawan harga nu kaitung murah kénéh. Fasilitas séjénna saperti tajug jeung jamban umum ogé nyampak.
Ari jalanna pikeun nuju ka Curug Batu Témplék kawilang gampang. Mun ti Ujungberung mah kari terus ka kulon, saméméh gedong LPTQ mengkol katuhu ka jalan Pasir impun, ti dinya mah kari terus wé ka kalérkeun kurang leuwih 4 kilométeran jauhna. Lamun ti Cicaheum mah kari ngétan terus, ké aya plang péngkolan Pasir impun ka kénca.
Jalan ti péngkolan Pasir impun nepi ka péngkolan Kampung Cisanggarung mah aspal mulus. Ngan jalan ti péngkolan Kampung Cisanggarung nepi ka curugna geus butut. Batu koral mayak jaba lalegok jeung heureut mun diukur ku ukuran mobil angkot gé. Kudu ati-ati pisan mawa motorna, paur tiseureuleu pasti nolonjongna kana gawir. Komo jigana lamun usum hujan pasti laleueurna.
Mangga ka nu gedé wawanén bisi rék nyoba turing ka Curug Batu Témplék. Soal pamandangan alam mah jigana moal kaéléhkeun ku Curug Niagara. Coba geura telek-telek potrét sim kuring, abong mun teu kabita téh. Lain wungkul nu rék balotram waé tapi nu ngadon olahraga panjat tebing ogé ngajugjug kadarieu.
Bandung, Ahad 14 Juli 2019
Langganan:
Postingan (Atom)