Kamis, 20 Agustus 2020

Resép Saté Maranggi

 Saté Maranggi


Saté Maranggi salasahiji kulinér has ti Jawa Barat hususna wewengkon Purwakarta. Ayeuna mah geus sumebar sa-Nusantara éta saté Maranggi téh. Mun hayang langsung dahar di daérah asalna, kari naék waé karéta api jurusan Bandung - Purwakarta (Karéta Bandung Raya). Tikétna murah. Mun aya waktu engké dibahas ngeunaan pelesir numpak karéta ka Purwakarta mah.

Tah mun usum si covid kieu mah sagala walurat, teu kudu ka Purwakarta mending nyieun wé sorangan. Wayahna mun nyieun mah rada réncéd.

Tah kieu prak-prakanana nyieun saté Maranggi.

Nu dikeureutan :

Daging sapi 500 gr


Nu disiksikan keur samara balurna:

Cabé beureum 3 siki

Jahé sapotong

Laja sapotong

Cikur sapotong

Bawang beureum 5 sihung

Bawang bodas 2 sihung


Ieu mah teu kudu disiksikan

Katuncar

Pedes

Uyah

Kecap saperluna

Penyedap rasa instan sacukupna


Kabéh diréndos.

Kajaba asem dicaian, kucuran kécap terus galokeun jeung samara kana daging.

Antep 30 menit ngarah samarana nyerep kana daging.

Samara sambel banjurna:

Uyah

Goréng bawang bodas & bawang beureum sagandu leutik

Kécap sacukupna

Pedes 5 siki

Céngék

Gula beureum


Acarna :

Tomat dikeureutan laleutik

Bawang beureum disiksik atah

Céngék kumaha karesep

Uyah sacukupna

Gula bodas saemét

Cuka sacukupna

Cai asak sacukupna.

Carana : 

1. Daging dibaluran samara terus teundeun paling sakeudeung 15 menit ngarah samarana nyerep.

2. Terus ditojosan kana tusuk saté.

Sambel banjur :

1. Bawang beureum, bawang bodas jeung céngék meunang nyiksikan digoréng nepika semu konéng.

2. Terus jait diréndos jeung gula beureum, pedes, uyah, kucuran kécap. Mun kentel kénéh caian saeutik. Diasaan sambelna nurutkeun kahayang ari lada, asin atawa amisna mah.

3. Parinkeun sambel kana pinggan atawa mangkok téa.

Acar :

1. Keureutan leutik tomat.

2. Siksikan céngék, mun resep maké bawang beureum tinggal siksikan.

3. Galokeun tomat, céngék, bawang beureum. Terus kucuran ku cuka dapur sacukupna. Purulukan uyah jeung gula bodas sacukupna. Caian saemét. Simpen sabot ngagarang saté.

Saté nu meunang ngagarang disimpen kana piring lodor atawa baki. Omat ulah kana ayakan atawa kalo, samarana pasti maloncor.

Saté nu geus ngajagrag dina piring / baki dibanjur ku sambel kécap, terus diacar-tomatan.

Tos kitu mah mangga badé dituang, badé dipotrét atawa dikatatanggakeun gé teu nanaon, kumaha karesep. 😀

Mangga resépna mah badé ditiron deui gé, da abdi gé kénging niron ti urang Pléréd Purwakarta. Mung upami potrétna bilih peryogi kedah diserat sumberna ti abdi. Margi motrét bari ngaréndos jeung bari ngagarang téh sesuatu bingit perjuanganana. Untung teu salah meuleum gé. 

Kulan? Oh saté hoyong saténa. Kantun donlod wéh.

Pami alim ribet ngadamel saté Maranggi mah tinggal kontak Mang Ojol waé 😀😎🙏

Hatur nuhun.