Baju Lebaran
Kahirupan Osa kawilang sugih, hasil tina ngokolakeun pausahaan rajut bogana. Najan kitu manéhna teu iyeuh obah pangadatan jojodog unggah ka salu. Unggal bulan puasa ngahaja pabrik eureun. Lamun ras ka indungna, langsung nyegruk bari nangkeup bungkusan.
Paceklik entak-entakan. Ceu Encoh jeung baturna geus saged rék derep. Osa nu umurna genep taun dipihapékeun ka Nini Onah. "Nin ari Ema iraha balikna?" ceuk Osa. "Ké piisukeun takbiran, panan bari mawa baju keur Osa," témbal Nini-na.
Piisukeun lebaran lembur eur-eur, sabab aya ambulan nu mawa layon Ceu Encoh. Nu kapanggih di Cimanuk nyangked dina kakayon. Ceuk Bi Maé, cenah waktu maranéhna meuntas walungan Cimanuk lebah Bojongrongod ngadadak aya caah déngdéng. Teu nolih kana babawaan, Bi Maé ngarontok Ceu Encoh nu ngaléngléong kabawa palid. Tapi ukur kajéwang leungeunna nu nyepeng bungkusan baju.
Osa nginghak bari nangkeup baju lebaran titinggal indungna. Nu layonna keur digarotong ka astana. Ti harita bungkusan baju tara lésot dibabawa.