Cinyusu Di Juru Situ
Pancuran tina awi nu meunang ngarojok ku linggis. Galadagna tina guluntungan awi dualas siki sadeupaan. Pipindingna awi dianyam jiga paranjé. Titincakanna batu nu geus leucir balas ku mindeng kajijekan.
Cai ngabulak teu saat-saat, hérang ngagenyas. Katempo ti luhur peupeundeuyan keur ngudag kini-kini, impun gé pating alabring mapay-mapay sisi kulah. Teup euntreup papatong emas dina kayambang nu ngangkleung. Keteyep suku ngaléngkah lalaunan, curuk jeung jempol geus tatan-tatan rék néwak buntutna. Krep..., geleber..., nyamos.
Beuki jauh kuring ngudag, beuki jero papatong emas hiber ka kulah. Les ngiles. Kuring culang-cileung, leungeun dibebetot ka handap. Kaciri lapat-lapat di luhur, galadag geus salin rupa ku éntépan batu.
Teu bisa hojah. Nyusup, mubus, ngoréhkeun nu meungpeukan cinyusu. Weléh teu panggih. Kuring halabhab dina ngemplangna kulah. Teuing nepi ka iraha. Roroésan. Taya tangan pangawasa.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar