Rabu, 25 Januari 2023

NADOM AQO’ID IMAN


Ari Aqoidna Iman  # Lima puluh kayakinan

Kanyahokeun sing enyaan # Mun ngaku jalma nu iman

Nu dua puluh sipatna # Wajib aya di Alloh-na

Dua puluh nu mohalna # Nu jadi lalawanana

 

Sipat nu Jaizna hiji # Jumlah opat puluh hiji

Hak Alloh Nu Maha Suci # Terasna ditambah deui

Opat nu wajib di Rosul # Opat nu mohal di Rosul

Nu jaizna hiji wungkul # Jumlah salapan nu nyusul

 

Jadi opat puluh hiji # Tambah salapan berarti

Jumlah lima puluh pasti # Pék sebutan hiji-hiji

---------------------------------------------------------------

Wujud, Qidam, Baqo # Mukholafatu lilhawaditsi

Qiyamuhu binafsihi # Wahdaniyat, Qudrot, Irodat

Ilmu, Hayat, Sama’ # Bashor, Kalam, Qodiron, Muridan

‘Aliman, Hayyan # Sami’an, Bashiron, Mutakalliman

 

Aya, Heubeul, Langgeng # Béda jeung kabéh nu anyar

Jumeneng kalawan dzatna # Hiji Alloh dina Dzatna

Hiji na sipatNa # Hiji  padamelanAna

Kawasa, Kersa # Uninga Alloh Nu Hirupna

 

Ngadangu, Ningali # Sasauran bukti Kawasa

Bukti Alloh Kersa # Uninga Alloh Nu Hirupna

Bukti Nu Ngadangu # Nu Ningali, Nu Ngadawuh

Jadi sadayana # Nu wajibna dua puluh

 

‘Adam, Huduts, Fana # Mumatsalah lilhawadits

Ihtiyaju, Ta’adud # ‘Ajzu wa Karohah

Jahal, Maot, Shommam # ‘Umyun, Bukmun, kaunuhu ‘Ajizan

Karihan, Jahilan, Mayitan # Ashom, A’ma, Abkam

 

Euweuh, Anyar, Ruksak # Sarupa reujeung nu anyar

Butuh kana tempat # Jeung butuh kanu ngayakeun

Bingbilangan Dzatna # Sipatna sareng Damelna

Apes, Kapaksa # Bodo, Maot, Torék, Lolongna

 

Pireu bukti Alloh # Anu apes anu kapaksa

Anu bodo, maot # Torék, lolong jeung pireuna

Wenang di Allohna # Midamel barang nu mungkin

Taya anu wajib # Midamel barang nu mungkin

 

Shidiq, Amanah # Tabligh, Fathonah

Kidzib, Hiyanat # Kitman, Biladah

Bener, Kapercaya # Ngadugikeun reujeung Pinter

Bohong, Cidra # Jeung Nyumputkeun tur Bodona

 

Wenang di Rosulna # Sipat manusa biasa

Kaya tuang, leueut # Angkat, kulem sajabana

 

Tina Kitab Aqo’idul Iman Kelas Ibtida – Mama KH. Khoer Afandi Manonjaya




Kamis, 19 Januari 2023

Basisir Kidul nu Kulawu (4)

Motor nyuruwuk ka tonggohkeun, muru imah kuring nu aya di suku Gunung Manglayang. Jalan nu masih kénéh paroék ku tatangkalan di sisina matak soak nu borangan. Ukur dicaangan ku lampu motor nu hurungna geus semu beureum. Kica-kica rabeng sapaparat jalan pating burinyay, lir kingkilaban nu aya dina haté kuring.

Teu lila geus nepi ka imah. Lalaunan muka pager buruan, motor disurungkeun ka tempatna. Sanggeus tarapti ngoncian panto terus muru panto tengah imah. Kolotrak, sada nu muka konci ti jero. Horéng nu jadi indung.

"Assalamu 'alaikum, naha Ema teu acan kulem. Pan abdi nyandak konci cadangan." Ceuk kuring bari asup ka jero imah.

"Wa'alaikum salam. Puguh hésé peureum. Si Dédé mah geus tibra mantén diajak ngobrol téh. Inget waé ka Aa, ari sugan téh rék milu nganteurkeun Si Étéh ka Cikelét." Walon Ema, bari ngoncikeun deui panto .

"Henteu dijajapkeun, Ma. Wios da tos dijelaskeun tadi pangna abdi teu tiasa ngajajap anjeunna." 

"Baeud atuh?"

"Bendu, Ma. Sakedap."

 "Ma, abdi mah badé langsung istirahat nya, tos wengi ongkoh." 

"Enya sok atuh, keun isuk deui urang ngobrol mah, Ema gé tenang deuih ari Aa geus di imah mah."

Sanggeus sibeungeut jeung ucul-ucul genti baju, kuring ngagolér. Sirah diganjel ku dua leungeun luhureun anggel, panon ngahérang mencrong lalangit. Pitunduheun asa jararauh.

Kasawang deui lalampahan nu geus kasorang. Basa manéhna masih di Bandung kénéh. Belenyéh seuri sorangan. Inget waktu naék beus Mios ti Bunderan Cibiru basa rék nepungan lanceukna nu dagang di Pasar Guntur. Diuk dina jok beus nu dua, manéhna numpangkeun leungeunna kana leungeun kuring. Ranggeuman leungeun pinuh kageugeut teu lésot nepi ka terminal. Bari ngobrol sagala dicaritakeun. Nepikeun ka kenék nagih ongkos ogé teu kadéngé. 

Geus nepi di Pasar Guntur, nu rék dianjangan téh bet euweuh. Jongkona nutup. "Ah, boa-boa Si Aa ka lembur meureun?" Ceuk kuring. "Enya, sapertosna mah. Padahal tos dijangjian ulah ka mamana." Ceuk manéhna.

"Kumaha atuh ayeuna, maenya langsung balik deui ka Bandung mah. Urang sakalian ulin heula wéh di Garut, nya?" 

"Mangga, ngiringan." Témbal manéhna.

Ti dinya kuring jeung manéhna naék béca, sabéca duaan. Sugan mah Roméo jeung Juliét wé. Eureun di hareupeun Swalayan Asia. Sup ka jero muru lantéy luhur di gerai fast food-na. Teu lila sanggeus réngsé makan siang di dinya, kuring duaan ka luar deui. Ti dieu mah ngahaja leumpang mapay-mapay trotoar nepi ka Cikuray Theater. Ningalian poster-poster film. "Tah aya film ieu, urang nongton, yu!" Ceuk kuring bari nunjuk kana poster film "Si Kabayan Mencari Jodoh". Poé Minggu éta mah sapoé jeput ngadon ulin di Kota Garut.

Geus rada anteng ngalamun, muncul rasa was-was dina haté. Aya rasa hariwang sieun pegat duriat jeung manéhna. Bray inget kana tulisan dina buku psikologi.

"We don’t meet people by accident. They are meant to cross our path for a reason. Reasons to build us up or to break us down."

"Keun wé ah rék disanghareupan naon waé resikona gé". Gerentes haté kuring.

(Hancaeun)

#carnyam

 #basisirkidul 




Basisir Kidul nu Kulawu (3)

"Ingat, tak semua aktivis gampang menemukan wanita. 


Kesetiaan adalah sikap total dalam sebuah hubungan. Kesetiaan bukanlah ikut-ikutan tanpa pendirian, melainkan kesediaan untuk terlibat dengan segala resiko yang ada. Setia bukanlah menjalankan yang rutin tapi membiarkan dirinya menjadi taruhan." Ceuk kuring ngagorolang bari nyepengan pigeulang leungeun manéhna, ngungkabkeun eusi haté nu pas jeung ungkara ti Scheler.


Manéhna males ku imut ngagelenyu bari unggeuk. Lenyap téh karasa kana haté, leuwih-leuwih turun tina lift Ramayana nyeblakna.


Geuleuyeung mobil carry maju di hareupeun kuring. Véspa nuturkeun disatukangeunana, kuring rék ka jalan bypass nu terus muru ka kulonkeun rék ka base camp di jalan Lodaya. Kaciri manéhna ningalikeun tina kaca tukang nu teu pati poék. Mobil teu bisa tarik majuna, ma'lum di jalan Cinambo mah najan teu hujan ogé, jalan téh jiga meunang ngagaru. Laledok bari garékgok ku batu-batu nu geus marebes kagéléngan ku mobil galedé.


Jog anjog di parapatan Gedébagé, carry méngkol ka kénca ka lebah Cibirukeun, kuring eureun heula ningalikeun ti tukang nepikeun ka lesna teu katingali kahalang ku angkot. Geus kitu mah kuring méngkol ka katuhukeun ngulon labas rék ka jalan Lodaya.


Waktu magrib nepi di jalan Sancang, sakalian reureuh di masjid Mujahidin. Teu waka langsung wudu, kuring diuk heula dina téras masjid bari melong kosong ka peuntaseun jalan. Najan panon mencrong ka hareup, tapi dina pipikiran mah masih kénéh ngalangkang manéhanana. "Bet, sajorélat pisan waktu sapoé téh," gerentes haté kuring. Jung nangtung, kagebah ku sora nu komat, suku ngaléngkah ka tempat wudu. Cai karasa nyelecep, matak seger kana awak, "alhamdulillaahilladzi ja'alal ma-a thohuron."


Waktu geus nuduhkeun jam sapuluh saparapat, bérés ngawangkong rarancang keur dina poé isukan. Nyindekkeun tugas nu geus dipancénkeun ti saméméhna. Saha waé nu jadi korlap, négosiator, jeung sajabana. Kabantu ogé ku barudak ti GMNI nu sawaréhna dibéré pancén keur téatrikal. Lantaran geus ngarasa cukup, kuring terus pamitan ka babaturan nu araya di dinya. 


Sora mesin motor Véspa nu digas kadéngé jiga sora kolécér muter bangbaraan marengan jeung ngaguruhna ombak di jeroeun dada kuring. Teu karasa geus nepi ka alun-alun Ujungberung. Bari ngaliwat kuring ngarérét kana téras masigit, nu tadi soré manéhna milu salat Asar. Aya rasa nyeblak sanajan ningali tapakna ogé. 


Bener caritaan nu jadi guru, waktu ngaji baheula basa nerangkeun bab Kaana wa akhawatuha, aya conto kalimah; "Laisal hubbu an nabqoo daa-iman bi jaanibi man nuhibbu, wa laakinnal hubbu an nabqo fii qolbi man nuhib."


"Cinta téh lain salawasna kudu aya padeukeut jeung jalma nu dipicinta, tatapina cinta téh ayana jalma nu dipicintana dina haté salalawasna."


Motor nyuruwuk ka tonggohkeun, muru imah kuring nu aya di suku Gunung Manglayang. Jalan nu masih kénéh paroék ku tatangkalan di sisina matak soak nu borangan. Ukur dicaangan ku lampu motor nu hurungna geus semu beureum. Kica-kica rabeng sapaparat jalan pating burinyay, lir kingkilaban nu aya dina haté kuring nu keur marudah.


(Hancaeun)


#carnyam


 #basisirkidul 



Basisir Kidul nu Kulawu (2)

Sajeroning diboncéng manéhna teu ngomong sakemék-kemék acan. Nepi ka imah lanceukna pas waktu Asar. 

Véspa kolot kelir héjo nu dipaké ngaboncéng téh dierém lalaunan, reg eureun hareupeun imah lanceukna nu teu jauh ti masjid kaum Ujungberung. Kang Dadang ogé Ceu Ilah nu hadé budi teu weléh daréhdéh lamun kaanjangan ku kuring. Kituna téh lain pédah nu jadi adina hahadéan jeung kuring, da gening ku batur ogé dipikawanoh pisan.

Motor kolot téh disimpen heula di buruan imah Kang Dadang. Maksud rék salat Asar heula di masjid kaum. Sakalian wéh manéhna diajakan ka masigit. Sajeroning leumpang kuring nyarita, "Engké mah moal bisa deui tarawéh bareng jiga taun ti heula, nya? Manéhna teu ngajawab saukur mésem hungkul. 

Balik ti masigit kuring terus sasadu ka Kang Dadang jeung Ceu Ilah, pédah waktuna balik ka lembur rada elat ku lantaran adina dibawa ulin heula. Kahayang mah kuring gé milu nganteurkeun, ngan nyakitu kapanan poé isuk téh geus boga rencana rék madungdengkeun masalah usulan ti para pagawé ka kantor gubernur jeung ka kantor déwan provinsi tina perkara batesan Penghasilan Tidak Kena Pajak. Kuring kapeto jadi salah saurangna tina tim negosiator ngawakilan unit kerja wilayah Bandung Timur. Nu matak basa dijelaskeun di kebon binatang tadi beurang, manéhna ngomong kieu, "Kanggo aktivis mah, moal sesah milari istri téh, nya?" Meni asa ngadéngé sora lodong ditompokkeun kana ceuli waktu manéhna ngomong kitu téh da. Satengah maido pédah kuring wakca moal bisa nganteurkeun jigana mah.

Pas jam 5 soré, di sisi wétan jalan Rumahsakit Ujung berung geus aya mobil Suzuki Carry warna beureum, supirna geus rada umuran. Mukakeun panto mobil bari ngageroan Kang Dadang. Anu digeroan teu lila nyampeurkeun da geus tatahar ti saméméhna. Singhoréng mobil nu nyampeur téh nu deuk nganteurkeun balik manéhna jeung kulawarga lanceukna.

Teu loba barang nu dibawa. Jadi sakeudeung gé geus bérés arasup kana jero mobil. Manéhna mangku nu jadi alona, budak Ceu Ilah nu umurna karék opat taunan. Cicing dina jok pangtukangna, kaca sisina  dipéléngékeun.

Tadi manéhna asup pangpandeurina. Saméméh asup kana mobil, kuring ngeupeulkeun cepuk nu dibungkus ku buludru hideung jeung amplop. "Ieu wayahna wajib ditampina, teu kénging dipiceun di Gunung Gelap, nya!"

"Ingat, tak semua aktivis gampang menemukan wanita. 

Kesetiaan adalah sikap total dalam sebuah hubungan. Kesetiaan bukanlah ikut-ikutan tanpa pendirian, melainkan kesediaan untuk terlibat dengan segala resiko yang ada. Setia bukanlah menjalankan yang rutin tapi membiarkan dirinya menjadi taruhan." Ceuk kuring ngagorolang bari nyepengan pigeulang leungeun manéhna, ngungkabkeun eusi haté nu pas jeung ungkara ti Scheler.

(Hancaeun)

#carnyam

 #basisirkidul




Basisir Kidul nu Kulawu (1)

Sanggeus ka luar ti musola, gék diuk dina handapeun tangkal palem, nu aya di sisi jajalaneun rék asup ka kebon binatang Bandung, bari sakalian ngareureuhkeun kacapé sanggeus muter ningalian sasatoan méméh lohor tadi. Bari ngobrol ngalér-ngidul, panon mencrong kana merak, sakapeung maling rérét ka manéhna nu sarua keur ngarérét ogé. Paadu teuteup, karasana pating sariak. Luk, manéhna tungkul sababaraha lila.

Leungeun kuring jongjon mocélan kacang suuk dina bungkusan, nu dibeuli tadi basa rék asup ka jero keur parab sasatoan.

Amprok deui jeung manéhna sanggeus opat bulan papisah, sabab manéhna kudu balik ka lembur di pakidulan. Lantaran nu jadi indungna gering. Jadi, salila éta téh ngan ukur bisa silih suratan baé. Malah kungsi ngirimkeun foto manéhna keur di sisi basisir laut kidul. Tiung hideung, sweater pulas bungur, dipapaés tukangeunana ku lambak nu keur nyiriwik ka sisi.

Suuk nu meunang mocélan ku kuring dikeupeulkeun kana dampal leungeunna. "Tah, ka manukkeun ngarah apét," ceuk kuring bari seuri. Manéhna gé males ku imut. Terus diajakan cengkat ngadeukeutan kandang manuk sina diawurkeun. 

Panonpoé geus karasa pisan panasna, meureunan aya kana jam satengah duaan mah, kuring duaan muru panto ka luar kebon binatang. Geus di luar, teu waka indit. Nyimpang heula ka warung baso nu teu jauh ti lawang. Sanggeus pesen, teu lila nungguan, baso disodorkeun dina méja ku tukang dagangna. Teu loba nu diobrolkeun waktu keur ngabaso, da geus jelas obrolan mah basa kukurilingan di jero kebon binatang. 

Dina poé éta ngahaja ka Bandung luyu jeung eusi surat manéhna dua minggu ka tukang, nu katarima ku kuring ti tukang pos. Ngan cenah moal bisa lila di Bandungna, paling nepi ka soré. Ayeuna éta jangji téh ngabukti, mojang désa nu tigin kana jangji ayeuna geus aya dihareupeun kuring.

Dina poé éta gé kuring ngahaja teu asup dines gawé, saméméhna geus bébéja ka dunungan jeung papadon ka nu nyuluran tugas kuring.

Ngarérét kana arloji geus jam dua saparapat. Dirarasakeun meni asa beurat rék cengkat téh. "Jam sabaraha ka terminal Cicaheum téh?" Ceuk kuring nanya. Manéhna teu ngajawab, kalah mencrong ka kuring bari narik napas panjang. Jiga aya bangbaluh. "Tos wéh mondok, nya da kamar Si Dédé gé kosong?  ceuk Si Ema ongkoh hayang kapondokkan deuih, cenah!" Ceuk kuring satengah ngagebah manéhna. "Dugikeun wé salam ka Ema, punten teu tiasa nepangan deui, ké kapayunna manawi Alloh marengkeun, urang tiasa kempel." Ceuk manéhna ngajawab bari cengkat nyepengan leungeun kuring.

Kuring surti, nuturkeun cengkat muru tempat markirkeun motor.

Sajeroning diboncéng manéhna teu ngomong sakemék-kemék acan. Nepi ka imah lanceukna pas waktu Asar. 

(Hancaeun)

#carnyam

#basisirkidul



Kamis, 20 Agustus 2020

Resép Saté Maranggi

 Saté Maranggi


Saté Maranggi salasahiji kulinér has ti Jawa Barat hususna wewengkon Purwakarta. Ayeuna mah geus sumebar sa-Nusantara éta saté Maranggi téh. Mun hayang langsung dahar di daérah asalna, kari naék waé karéta api jurusan Bandung - Purwakarta (Karéta Bandung Raya). Tikétna murah. Mun aya waktu engké dibahas ngeunaan pelesir numpak karéta ka Purwakarta mah.

Tah mun usum si covid kieu mah sagala walurat, teu kudu ka Purwakarta mending nyieun wé sorangan. Wayahna mun nyieun mah rada réncéd.

Tah kieu prak-prakanana nyieun saté Maranggi.

Nu dikeureutan :

Daging sapi 500 gr


Nu disiksikan keur samara balurna:

Cabé beureum 3 siki

Jahé sapotong

Laja sapotong

Cikur sapotong

Bawang beureum 5 sihung

Bawang bodas 2 sihung


Ieu mah teu kudu disiksikan

Katuncar

Pedes

Uyah

Kecap saperluna

Penyedap rasa instan sacukupna


Kabéh diréndos.

Kajaba asem dicaian, kucuran kécap terus galokeun jeung samara kana daging.

Antep 30 menit ngarah samarana nyerep kana daging.

Samara sambel banjurna:

Uyah

Goréng bawang bodas & bawang beureum sagandu leutik

Kécap sacukupna

Pedes 5 siki

Céngék

Gula beureum


Acarna :

Tomat dikeureutan laleutik

Bawang beureum disiksik atah

Céngék kumaha karesep

Uyah sacukupna

Gula bodas saemét

Cuka sacukupna

Cai asak sacukupna.

Carana : 

1. Daging dibaluran samara terus teundeun paling sakeudeung 15 menit ngarah samarana nyerep.

2. Terus ditojosan kana tusuk saté.

Sambel banjur :

1. Bawang beureum, bawang bodas jeung céngék meunang nyiksikan digoréng nepika semu konéng.

2. Terus jait diréndos jeung gula beureum, pedes, uyah, kucuran kécap. Mun kentel kénéh caian saeutik. Diasaan sambelna nurutkeun kahayang ari lada, asin atawa amisna mah.

3. Parinkeun sambel kana pinggan atawa mangkok téa.

Acar :

1. Keureutan leutik tomat.

2. Siksikan céngék, mun resep maké bawang beureum tinggal siksikan.

3. Galokeun tomat, céngék, bawang beureum. Terus kucuran ku cuka dapur sacukupna. Purulukan uyah jeung gula bodas sacukupna. Caian saemét. Simpen sabot ngagarang saté.

Saté nu meunang ngagarang disimpen kana piring lodor atawa baki. Omat ulah kana ayakan atawa kalo, samarana pasti maloncor.

Saté nu geus ngajagrag dina piring / baki dibanjur ku sambel kécap, terus diacar-tomatan.

Tos kitu mah mangga badé dituang, badé dipotrét atawa dikatatanggakeun gé teu nanaon, kumaha karesep. 😀

Mangga resépna mah badé ditiron deui gé, da abdi gé kénging niron ti urang Pléréd Purwakarta. Mung upami potrétna bilih peryogi kedah diserat sumberna ti abdi. Margi motrét bari ngaréndos jeung bari ngagarang téh sesuatu bingit perjuanganana. Untung teu salah meuleum gé. 

Kulan? Oh saté hoyong saténa. Kantun donlod wéh.

Pami alim ribet ngadamel saté Maranggi mah tinggal kontak Mang Ojol waé 😀😎🙏

Hatur nuhun.

Rabu, 24 Juli 2019

Ulin Ka Curug Batu Témplék


ULIN KA CURUG BATU TÉMPLÉK

Curug ieu kasohor ku panelah "Curug Batu Témplék" sok aya ogé nu nyebut Curug Cisanggarung ku sabab pernahna di kampung Cisanggarung Désa Cikadut Kacamatan Cimenyan Kabupatén Bandung. Pangna disebut Curug Batu Témplék, ku sabab ieu curug téh sakurilingeunana ngarupakeun batu témplék jiga meunang ngéntép. Ari curugna nangtawing kira-kira aya kana 50 méteran mah luhurna. Cenah baheulana sok dialaan ieu batu témplék téh, nepi ka nyésakeun urutna jadi curug.

Éndah pisan, cocog pikeun nu resep ulin jarambah mah. Komo lamun maké motor trail bari nguji wawanén. Mayar karcis 10 rébu saurangna, parkir motor wéh 5 rébu. Warung sangu gé aya, rék sangu timbel atawa liwet kari pésen kalawan harga nu kaitung murah kénéh. Fasilitas séjénna saperti tajug jeung jamban umum ogé nyampak.

Ari jalanna pikeun nuju ka Curug Batu Témplék kawilang gampang. Mun ti Ujungberung mah kari terus ka kulon, saméméh gedong LPTQ mengkol katuhu ka jalan Pasir impun, ti dinya mah kari terus wé ka kalérkeun kurang leuwih 4 kilométeran jauhna. Lamun ti Cicaheum mah kari ngétan terus, ké aya plang péngkolan Pasir impun ka kénca.

Jalan ti péngkolan Pasir impun nepi ka péngkolan Kampung Cisanggarung mah aspal mulus. Ngan jalan ti péngkolan Kampung Cisanggarung nepi ka curugna geus butut. Batu koral mayak jaba lalegok jeung heureut mun diukur ku ukuran mobil angkot gé. Kudu ati-ati pisan mawa motorna, paur tiseureuleu pasti nolonjongna kana gawir. Komo jigana lamun usum hujan pasti laleueurna.

Mangga ka nu gedé wawanén bisi rék nyoba turing ka Curug Batu Témplék. Soal pamandangan alam mah jigana moal kaéléhkeun ku Curug Niagara. Coba geura telek-telek potrét sim kuring, abong mun teu kabita téh. Lain wungkul nu rék balotram waé tapi nu ngadon olahraga panjat tebing ogé ngajugjug kadarieu.

Bandung, Ahad 14 Juli 2019