Sajeroning diboncéng manéhna teu ngomong sakemék-kemék acan. Nepi ka imah lanceukna pas waktu Asar.
Véspa kolot kelir héjo nu dipaké ngaboncéng téh dierém lalaunan, reg eureun hareupeun imah lanceukna nu teu jauh ti masjid kaum Ujungberung. Kang Dadang ogé Ceu Ilah nu hadé budi teu weléh daréhdéh lamun kaanjangan ku kuring. Kituna téh lain pédah nu jadi adina hahadéan jeung kuring, da gening ku batur ogé dipikawanoh pisan.
Motor kolot téh disimpen heula di buruan imah Kang Dadang. Maksud rék salat Asar heula di masjid kaum. Sakalian wéh manéhna diajakan ka masigit. Sajeroning leumpang kuring nyarita, "Engké mah moal bisa deui tarawéh bareng jiga taun ti heula, nya? Manéhna teu ngajawab saukur mésem hungkul.
Balik ti masigit kuring terus sasadu ka Kang Dadang jeung Ceu Ilah, pédah waktuna balik ka lembur rada elat ku lantaran adina dibawa ulin heula. Kahayang mah kuring gé milu nganteurkeun, ngan nyakitu kapanan poé isuk téh geus boga rencana rék madungdengkeun masalah usulan ti para pagawé ka kantor gubernur jeung ka kantor déwan provinsi tina perkara batesan Penghasilan Tidak Kena Pajak. Kuring kapeto jadi salah saurangna tina tim negosiator ngawakilan unit kerja wilayah Bandung Timur. Nu matak basa dijelaskeun di kebon binatang tadi beurang, manéhna ngomong kieu, "Kanggo aktivis mah, moal sesah milari istri téh, nya?" Meni asa ngadéngé sora lodong ditompokkeun kana ceuli waktu manéhna ngomong kitu téh da. Satengah maido pédah kuring wakca moal bisa nganteurkeun jigana mah.
Pas jam 5 soré, di sisi wétan jalan Rumahsakit Ujung berung geus aya mobil Suzuki Carry warna beureum, supirna geus rada umuran. Mukakeun panto mobil bari ngageroan Kang Dadang. Anu digeroan teu lila nyampeurkeun da geus tatahar ti saméméhna. Singhoréng mobil nu nyampeur téh nu deuk nganteurkeun balik manéhna jeung kulawarga lanceukna.
Teu loba barang nu dibawa. Jadi sakeudeung gé geus bérés arasup kana jero mobil. Manéhna mangku nu jadi alona, budak Ceu Ilah nu umurna karék opat taunan. Cicing dina jok pangtukangna, kaca sisina dipéléngékeun.
Tadi manéhna asup pangpandeurina. Saméméh asup kana mobil, kuring ngeupeulkeun cepuk nu dibungkus ku buludru hideung jeung amplop. "Ieu wayahna wajib ditampina, teu kénging dipiceun di Gunung Gelap, nya!"
"Ingat, tak semua aktivis gampang menemukan wanita.
Kesetiaan adalah sikap total dalam sebuah hubungan. Kesetiaan bukanlah ikut-ikutan tanpa pendirian, melainkan kesediaan untuk terlibat dengan segala resiko yang ada. Setia bukanlah menjalankan yang rutin tapi membiarkan dirinya menjadi taruhan." Ceuk kuring ngagorolang bari nyepengan pigeulang leungeun manéhna, ngungkabkeun eusi haté nu pas jeung ungkara ti Scheler.
(Hancaeun)
#carnyam
#basisirkidul
Tidak ada komentar:
Posting Komentar