Kamis, 19 Januari 2023

Basisir Kidul nu Kulawu (3)

"Ingat, tak semua aktivis gampang menemukan wanita. 


Kesetiaan adalah sikap total dalam sebuah hubungan. Kesetiaan bukanlah ikut-ikutan tanpa pendirian, melainkan kesediaan untuk terlibat dengan segala resiko yang ada. Setia bukanlah menjalankan yang rutin tapi membiarkan dirinya menjadi taruhan." Ceuk kuring ngagorolang bari nyepengan pigeulang leungeun manéhna, ngungkabkeun eusi haté nu pas jeung ungkara ti Scheler.


Manéhna males ku imut ngagelenyu bari unggeuk. Lenyap téh karasa kana haté, leuwih-leuwih turun tina lift Ramayana nyeblakna.


Geuleuyeung mobil carry maju di hareupeun kuring. Véspa nuturkeun disatukangeunana, kuring rék ka jalan bypass nu terus muru ka kulonkeun rék ka base camp di jalan Lodaya. Kaciri manéhna ningalikeun tina kaca tukang nu teu pati poék. Mobil teu bisa tarik majuna, ma'lum di jalan Cinambo mah najan teu hujan ogé, jalan téh jiga meunang ngagaru. Laledok bari garékgok ku batu-batu nu geus marebes kagéléngan ku mobil galedé.


Jog anjog di parapatan Gedébagé, carry méngkol ka kénca ka lebah Cibirukeun, kuring eureun heula ningalikeun ti tukang nepikeun ka lesna teu katingali kahalang ku angkot. Geus kitu mah kuring méngkol ka katuhukeun ngulon labas rék ka jalan Lodaya.


Waktu magrib nepi di jalan Sancang, sakalian reureuh di masjid Mujahidin. Teu waka langsung wudu, kuring diuk heula dina téras masjid bari melong kosong ka peuntaseun jalan. Najan panon mencrong ka hareup, tapi dina pipikiran mah masih kénéh ngalangkang manéhanana. "Bet, sajorélat pisan waktu sapoé téh," gerentes haté kuring. Jung nangtung, kagebah ku sora nu komat, suku ngaléngkah ka tempat wudu. Cai karasa nyelecep, matak seger kana awak, "alhamdulillaahilladzi ja'alal ma-a thohuron."


Waktu geus nuduhkeun jam sapuluh saparapat, bérés ngawangkong rarancang keur dina poé isukan. Nyindekkeun tugas nu geus dipancénkeun ti saméméhna. Saha waé nu jadi korlap, négosiator, jeung sajabana. Kabantu ogé ku barudak ti GMNI nu sawaréhna dibéré pancén keur téatrikal. Lantaran geus ngarasa cukup, kuring terus pamitan ka babaturan nu araya di dinya. 


Sora mesin motor Véspa nu digas kadéngé jiga sora kolécér muter bangbaraan marengan jeung ngaguruhna ombak di jeroeun dada kuring. Teu karasa geus nepi ka alun-alun Ujungberung. Bari ngaliwat kuring ngarérét kana téras masigit, nu tadi soré manéhna milu salat Asar. Aya rasa nyeblak sanajan ningali tapakna ogé. 


Bener caritaan nu jadi guru, waktu ngaji baheula basa nerangkeun bab Kaana wa akhawatuha, aya conto kalimah; "Laisal hubbu an nabqoo daa-iman bi jaanibi man nuhibbu, wa laakinnal hubbu an nabqo fii qolbi man nuhib."


"Cinta téh lain salawasna kudu aya padeukeut jeung jalma nu dipicinta, tatapina cinta téh ayana jalma nu dipicintana dina haté salalawasna."


Motor nyuruwuk ka tonggohkeun, muru imah kuring nu aya di suku Gunung Manglayang. Jalan nu masih kénéh paroék ku tatangkalan di sisina matak soak nu borangan. Ukur dicaangan ku lampu motor nu hurungna geus semu beureum. Kica-kica rabeng sapaparat jalan pating burinyay, lir kingkilaban nu aya dina haté kuring nu keur marudah.


(Hancaeun)


#carnyam


 #basisirkidul 



Tidak ada komentar:

Posting Komentar