Sanggeus ka luar ti musola, gék diuk dina handapeun tangkal palem, nu aya di sisi jajalaneun rék asup ka kebon binatang Bandung, bari sakalian ngareureuhkeun kacapé sanggeus muter ningalian sasatoan méméh lohor tadi. Bari ngobrol ngalér-ngidul, panon mencrong kana merak, sakapeung maling rérét ka manéhna nu sarua keur ngarérét ogé. Paadu teuteup, karasana pating sariak. Luk, manéhna tungkul sababaraha lila.
Leungeun kuring jongjon mocélan kacang suuk dina bungkusan, nu dibeuli tadi basa rék asup ka jero keur parab sasatoan.
Amprok deui jeung manéhna sanggeus opat bulan papisah, sabab manéhna kudu balik ka lembur di pakidulan. Lantaran nu jadi indungna gering. Jadi, salila éta téh ngan ukur bisa silih suratan baé. Malah kungsi ngirimkeun foto manéhna keur di sisi basisir laut kidul. Tiung hideung, sweater pulas bungur, dipapaés tukangeunana ku lambak nu keur nyiriwik ka sisi.
Suuk nu meunang mocélan ku kuring dikeupeulkeun kana dampal leungeunna. "Tah, ka manukkeun ngarah apét," ceuk kuring bari seuri. Manéhna gé males ku imut. Terus diajakan cengkat ngadeukeutan kandang manuk sina diawurkeun.
Panonpoé geus karasa pisan panasna, meureunan aya kana jam satengah duaan mah, kuring duaan muru panto ka luar kebon binatang. Geus di luar, teu waka indit. Nyimpang heula ka warung baso nu teu jauh ti lawang. Sanggeus pesen, teu lila nungguan, baso disodorkeun dina méja ku tukang dagangna. Teu loba nu diobrolkeun waktu keur ngabaso, da geus jelas obrolan mah basa kukurilingan di jero kebon binatang.
Dina poé éta ngahaja ka Bandung luyu jeung eusi surat manéhna dua minggu ka tukang, nu katarima ku kuring ti tukang pos. Ngan cenah moal bisa lila di Bandungna, paling nepi ka soré. Ayeuna éta jangji téh ngabukti, mojang désa nu tigin kana jangji ayeuna geus aya dihareupeun kuring.
Dina poé éta gé kuring ngahaja teu asup dines gawé, saméméhna geus bébéja ka dunungan jeung papadon ka nu nyuluran tugas kuring.
Ngarérét kana arloji geus jam dua saparapat. Dirarasakeun meni asa beurat rék cengkat téh. "Jam sabaraha ka terminal Cicaheum téh?" Ceuk kuring nanya. Manéhna teu ngajawab, kalah mencrong ka kuring bari narik napas panjang. Jiga aya bangbaluh. "Tos wéh mondok, nya da kamar Si Dédé gé kosong? ceuk Si Ema ongkoh hayang kapondokkan deuih, cenah!" Ceuk kuring satengah ngagebah manéhna. "Dugikeun wé salam ka Ema, punten teu tiasa nepangan deui, ké kapayunna manawi Alloh marengkeun, urang tiasa kempel." Ceuk manéhna ngajawab bari cengkat nyepengan leungeun kuring.
Kuring surti, nuturkeun cengkat muru tempat markirkeun motor.
Sajeroning diboncéng manéhna teu ngomong sakemék-kemék acan. Nepi ka imah lanceukna pas waktu Asar.
(Hancaeun)
#carnyam
#basisirkidul
Tidak ada komentar:
Posting Komentar