Motor nyuruwuk ka tonggohkeun, muru imah kuring nu aya di suku Gunung Manglayang. Jalan nu masih kénéh paroék ku tatangkalan di sisina matak soak nu borangan. Ukur dicaangan ku lampu motor nu hurungna geus semu beureum. Kica-kica rabeng sapaparat jalan pating burinyay, lir kingkilaban nu aya dina haté kuring.
Teu lila geus nepi ka imah. Lalaunan muka pager buruan, motor disurungkeun ka tempatna. Sanggeus tarapti ngoncian panto terus muru panto tengah imah. Kolotrak, sada nu muka konci ti jero. Horéng nu jadi indung.
"Assalamu 'alaikum, naha Ema teu acan kulem. Pan abdi nyandak konci cadangan." Ceuk kuring bari asup ka jero imah.
"Wa'alaikum salam. Puguh hésé peureum. Si Dédé mah geus tibra mantén diajak ngobrol téh. Inget waé ka Aa, ari sugan téh rék milu nganteurkeun Si Étéh ka Cikelét." Walon Ema, bari ngoncikeun deui panto .
"Henteu dijajapkeun, Ma. Wios da tos dijelaskeun tadi pangna abdi teu tiasa ngajajap anjeunna."
"Baeud atuh?"
"Bendu, Ma. Sakedap."
"Ma, abdi mah badé langsung istirahat nya, tos wengi ongkoh."
"Enya sok atuh, keun isuk deui urang ngobrol mah, Ema gé tenang deuih ari Aa geus di imah mah."
Sanggeus sibeungeut jeung ucul-ucul genti baju, kuring ngagolér. Sirah diganjel ku dua leungeun luhureun anggel, panon ngahérang mencrong lalangit. Pitunduheun asa jararauh.
Kasawang deui lalampahan nu geus kasorang. Basa manéhna masih di Bandung kénéh. Belenyéh seuri sorangan. Inget waktu naék beus Mios ti Bunderan Cibiru basa rék nepungan lanceukna nu dagang di Pasar Guntur. Diuk dina jok beus nu dua, manéhna numpangkeun leungeunna kana leungeun kuring. Ranggeuman leungeun pinuh kageugeut teu lésot nepi ka terminal. Bari ngobrol sagala dicaritakeun. Nepikeun ka kenék nagih ongkos ogé teu kadéngé.
Geus nepi di Pasar Guntur, nu rék dianjangan téh bet euweuh. Jongkona nutup. "Ah, boa-boa Si Aa ka lembur meureun?" Ceuk kuring. "Enya, sapertosna mah. Padahal tos dijangjian ulah ka mamana." Ceuk manéhna.
"Kumaha atuh ayeuna, maenya langsung balik deui ka Bandung mah. Urang sakalian ulin heula wéh di Garut, nya?"
"Mangga, ngiringan." Témbal manéhna.
Ti dinya kuring jeung manéhna naék béca, sabéca duaan. Sugan mah Roméo jeung Juliét wé. Eureun di hareupeun Swalayan Asia. Sup ka jero muru lantéy luhur di gerai fast food-na. Teu lila sanggeus réngsé makan siang di dinya, kuring duaan ka luar deui. Ti dieu mah ngahaja leumpang mapay-mapay trotoar nepi ka Cikuray Theater. Ningalian poster-poster film. "Tah aya film ieu, urang nongton, yu!" Ceuk kuring bari nunjuk kana poster film "Si Kabayan Mencari Jodoh". Poé Minggu éta mah sapoé jeput ngadon ulin di Kota Garut.
Geus rada anteng ngalamun, muncul rasa was-was dina haté. Aya rasa hariwang sieun pegat duriat jeung manéhna. Bray inget kana tulisan dina buku psikologi.
"We don’t meet people by accident. They are meant to cross our path for a reason. Reasons to build us up or to break us down."
"Keun wé ah rék disanghareupan naon waé resikona gé". Gerentes haté kuring.
(Hancaeun)
#carnyam
#basisirkidul
Tidak ada komentar:
Posting Komentar