Jumat, 29 Juli 2016

Aksara Sunda

Ti béh ditu mula sahenteuna ti abad ka 4 masarakat Sunda geus mikawanoh kana aksara pikeun nuliskeun basa nu dipaké dina waktu harita. Parandéné kitu, ti mimiti kaum kolonial kumawasa masarakat Sunda sasatna dipaksa ku parapangawasa harita sangkan teu maké aksara Sunda kuno nu mangrupakeun salah sahiji ciri budaya Sunda. Kaayaan ieu téh lumangsung nepi ka mangsa geus mardika nu nyababkeun leungitna kabiasaan nulis aksara Sunda kuno.

Abad 19 nepi ka abad 22

Para ahli urang deungeun (upamana K. F. Holle jeung C. M Pleyte) nyakitu deui urang Sundana pituin (upamana Atja jeung E. S. Ekadjati) mitembeyan nalungtik kana sawatara prasasti jeung naskah heubeul nu maké aksara Sunda kuno. Dumasar kana hasil panalungtikan ieu, mimiti hudang sumanget jeung kasadaran kana aksara Sunda kuno anu ngarupakeun idéntitas has masarakat Sunda. Kusabab éta Pamaréntah Propinsi Jawa Barat netepkeun Perda No. 6 taun 1996 ngeunaan Pelestarian, Pembinaan, dan Pengembangan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda nu satuluyna digenti ku Perda No. 5 taun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah.

21 Oktober 1997

Lokakarya Aksara Sunda di Kampus UNPAD Jatinangor nu dilaksanakeun gawé bareng Pemda Propinsi Jawa Barat jeung Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran. Tuluy hasil rumusan tina lokakarya éta dijadikeun bahan ku Tim Pengkajian Aksara Sunda. Ahirna dina tanggal 16 Juni 1999 kaluar SK Gupernur Jawa Barat No. 343/SK.614-Dis PK/99 nu netepkeun yén rumusan hasil lokakarya jeung Tim Pengkajian Aksara Sunda ngarupakeun Aksara Sunda Baku.

Kiwari éta aksara Sunda baku geus loba dipaké nulis ngaran jalan atawa kantor instansi boh pamaréntahan atawa swasta.

Rupana Aksara Sunda Baku

Ari Aksara Sunda Baku éta kawengku ku ;

- Aksara Swara (Aa, Ii, Uu, Éé, Ee, Oo, Eueu).

- Akasara Ngalagena / Konsonan (Ka, Ga, Nga, Ca, Ja, Nya, Ta, Da, Na, Pa, Ba, Ma, Ya, Ra, La, Wa, Sa, Ha, Fa, Va, Qa, Xa, Za, Kha, Sya).

- Rarangkén(Panghulu, Pamepet, Paneuleung, Panglayar, Panyecek, Panyuku, Panyakra, Panyiku, Panéléng, Panolong, Pamingkal, Pangwisad, Patén/Pamaéh)

- Angka, jeung
- Tanda Baca.
                                   Gambar 1 : Aksara Sunda                                     Gambar 2 : Rarangken
  

                                                               Gambar 3 : Rarangken

Selasa, 26 Juli 2016

TATAKRAMA BASA

1. WANGENAN

Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda LBBS, tatakrama (undak-usuk) basa téh ngabogaan harti panta-pantana basa atawa tingkatan basa. Harti séjénna nyaéta kasopanan. Jadi lamun urang nyarita henteu maké tatakrama basa, hartina téh henteu sopan.

Dumasar kana harti tadi, jéntré pisan yén dipakéna tatakrama basa Sunda téh nyaéta pikeun silihormat jeung silihajénan dina nyorang hirup kumbuh di lingkungan masarakat.

2. SAJARAH LAHIRNA TATAKRAMA BASA SUNDA

Sajarah lahirna tatakrama basa Sunda, nurutkeun paraahli mah lantaran ayana pangaruh Mataram kana kahirupan jeung budaya Sunda. Waktu Mataram ngéréh sabagian wewengkon Jawa Barat dina abad ka-17, harita lumangsung kontak budaya anu raket antara Sunda jeung Jawa. Loba kabudayaan Jawa anu témbrés asup kana kabudayaan Sunda, kaasup ayana tatakrama basa.

Ari urang Jawana sorangan, meunang pangaruh tatakrama basa téh tina kabudayaan Hindu anu ngabagi-bagi darajat kahirupan masarakat jadi sababaraha kasta, Brahmana, Satria, Waisya, Paria jeung Sudra, anu masing-masing kasta ngabogaan adegan basana séwang-séwangan.

Bukti anu nuduhkeun yén tatakrama basa mangrupa pangaruh ti Jawa, S. Coolsma salah saurang ahli basa urang Walanda kungsi ngayakeun panalungtikan ngabandingkeun 400 kecap lemes jeung 400 kecap kasar basa Sunda jeung basa Jawa. Tina éta panalungtikan, Coolsma manggihan yén 300 kecap lemes jeung 275 kecap kasar dina basa Sunda asalna tina basa Jawa. Tapi dina prosés makéna loba anu dipacorokkeun. Upamana baé kecap abot, impén, anom, bobot, pungkur, sasih, jeung tunggang anu dina basa Sunda mah kaasup kecap lemes, dina basa Jawa mah kaasup kecap kasar. Kitu deui béja, bulan, datang, pindah, suku, jeung numpak anu dina basa Sunda mah kaasup kecap kasar, dina basa Jawa mah kaasup kecap lemes.

Bukti séjénna anu nuduhkeun yén tatakrama basa mangrupa pangaruh ti Jawa kapanggih dina naskah-naskah kuno anu ditulis saméméh abad ka-17. Dina éta naskah bakal ébréh yén saméméh datang pangaruh Mataram kana kabudayaan Sunda - kaasup kana basana - di Jawa Barat basa Sunda can mikawanoh istilah tatakrama basa. Upamana baé dina naskah Carita Parahiangan salah sahiji naskah kuno anu ditulis dina abad ka-16 Maséhi kaunggel salah sahiji obrolan antara Ki Patih jeung Batara Dangiang Guru. Éta obrolan nétélakeun yén baheula basa Sunda henteu mikawanoh tatakrama basa téh unggelna kieu; "Sadatangna sang apatih ka Galunggung, carék Batara Dangiang Guru; "Na naha béja siya, sang apatih?"
"Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparéntaheun Adi Rahiyang Purbasora."

Lamun ku urang ditelek-telek, kecap carék, dititah, ménta, jeung piparéntaheun téh dina basa Sunda ayeuna kaasup basa kasar. Jadi upama alam harita geus aya istilah tatakrama basa, moal enya pangkat patih nyarita kasar kitu ka batara.

3. KAMEKARAN TATAKRAMA BASA SUNDA

Anu ngamimitian nyebarkeun tatakrama basa di lingkungan masarakat nyaéta golongan paraménak. Ari anu jadi sabab, lantaran jaman kakawasaan Mataram baheula loba bupati jeung ménak unggal taun diwajibkeun séba ka Mataram, Lian ti éta ogé loba paraménak anu ngadon cicing di Mataram pikeun narima paréntah raja bari dialajar kabudayaan Jawa, kaasup kabiasaan ngagunakeun basana. Sabada mulang ti Mataram, kabiasaan urang Jawa ngagunakeun basana ku para ménak diterapkeun dina basa Sunda. Basa lemes anu fubgsina pikeun ngahormat paraménak pohara ditujulkeunana, anu ngalantarankeun dina lingkungan kahirupan urang Sunda katara ayana jurang pamisah darajat sosial.

Sadatangna Walanda ka Indonésia, perbédaan darajat sosial téh beuki atra, lantaran sacara ngahaja Walanda geus nyieun jarak pamisah antara golongan ménak (bangsawan) jeung golongan somahan (cacah). Kaayaan kitu téh terus lumangsung nepi ka derna révolusi nasional anu ditungtungan ku proklamasi kamerdikaan tanggal 17 Agustus 1945.

Sabada merdika, loba jalma mikir sacara démokratis. Basa lemes nu fubgsina pikeun nyarita ka golongan paraménak dianggap teu luyu deui jeung pameredih jaman merdika. Ahirna lumangsung polémik papahaman ngeunaan kalungguhan basa lemes dina alam kamerdikaan.

Dina Konpérénsi Basa Sunda taun 1953 anu diayakeun di Bandung geus disaluyukeun yén basa lemes henteu kudu dileungitkeun. Ngan dina makéna, anu tadina keur nyarita ka golongan paraménak, ayeuna mah dipaké keur nyarita ka jalma anu sakuduna meunang panghormat, utamana nyarita ka saluhureun.

(Dicutat tina buku Tatabasa Sunda: "BUKU WAJIB FESBUKER". Drs. Taufik Faturohman. Penerbit Geger Sunten - Bandung 2016)




Senin, 25 Juli 2016

Panineungan : "Kamarana Sora Manuk?" Catetan Panineungan : Yi Syihabudin

Kusabab kuring mah imah téh handapeun kebon awi, anu dikuriling ku balong. Ti mimiti panon beunta nepi ka rék saré deui téh tara leupas ti sora manuk.

Ngawaktu disadana teu bareng, kadang-kadang kuring sok panasaran tatanya ka kolot mun kadéngé aya sora manuk téh, "Manuk naon ngaranna éta nu disada? Kumaha rupana? Sayangna dina naon?" Aya nu kajawab aya ogé anu teu kajawab.

Mun jam satengah genep isuk-isuk geus ramé récét ku Manuk Haur.
Jam 8 - 9, sora manuk Cukahkéh nu hiber bari mawa lauk.

Jam 10, kadéngé Caladi keur noroktok kana tangkal di astana, mareng jeung sora (cenah mah) manuk Ungkut-ungkut.

Jam 9 - 11, sora Tikukur keur ngabekur dina eumbreuk awi.

Jam 1, Cangkurileung nu luluncatan dina dahan awi.
Geus puguh ari Piit jeung Hahayaman mah dina paré jeung dapuran paré unggal waktu disadana téh, manuk Konénét sok ngageleber tina dapuran tangkal konéng bari disada, kadang-kadang Sirit uncuing nu keur begér ngelak waé.

Nincak sareupna Koréak kaluar tina munara masigit bari disada.
Jam satengah 8 peuting sok kadéngé Bebencé (Puyuh jaluna cenah).

Jam 9 peuting Bueuk disada agem dina tangkal cangkring, kadang disadana nepi ka waktu janari.
Bener-bener éndah mangsa baheula.

Aya hiji manuk anu kacida dipikaresepna ku kuring, nyaéta manuk Cukahkéh (Halcyon cyanoventris), rupana éndah sorana tarik, bulu tonggongna / awakna bulao kolot hérang, jangjang jeung buntutna warna bulao ngora ngagenclang, pamatukna beureum, huluna jeung beuheung semu coklat, cékérna beureum.

Aya anu ampir sarupa jeung Cukahkéh téh nyaéta manuk Hurang (Allcedo Atthis), ngan pédah manuk Hurang mah rada leutik meueusan ti Cukahkéh, jeung warnana aya konéngan lebah dada nepi kana beuteungna, pamatukna jeung cékérna warna konéng ogé.

"Cukahkéh...cukahkéh...cukahkéh,"  kitu nu kadéngéna ku kuring bari sakadang manuk hiber tina rérénténg diluhureun balong.

Kahayang téh manusa ulah ngagunasika alam alatan karesep, keun wé antep sangkan alam tetep lastari éndahna.


Minggu, 24 Juli 2016

Kalénder Maséhi 3 Abad, Tutungkusan Waktu Ngobong

Ieu tulisan ngarupakeun catetan alakadarna pikeun nyangreud kanyaho nu teu sataikuku-taikuku acan malar bisa dibuka lamun poho deui, sok sanajan pun guru KH. Fasya nyebatkeun "Al'ilmu fishudur laa fiquthur" ari élmu éta nu geus nyampak dina haté / uteuk lain nu aya dina tulisan.

Pikeun nganyahokeun taun maséhi boh taun nu geus kaliwat atawa nu bakal datang cukup ku nganyahokeun heula tanggal 1 Maret. Ti tanggal 1 Maret ieu kari ngitung saloba naktuna masing-masing bulan nu geus ditangtukeun.

Conto 1 : Dikanyahokeun yén tanggal 1 Maret 2016 éta poé Salasa. Poé naon tanggal 1 Oktober 2016?

Jawab : Naktu bulan Oktober (5) geus kitu itung ti mimiti poé Salasa (1 Maret 2016) saloba naktu bulan Oktober (5) nyaéta ninggang dina poé Saptu. Jadi 1 Oktober 2016 éta poé Saptu.

Conto 2 : Dikanyahokeun yén tanggal 1 Maret 2017 éta poé Rebo. Poé naon tanggal 1 Mei 2017?

Jawab : Naktu bulan Mei (6) geus kitu itung ti mimiti poé Rebo (1 Maret 2017) saloba naktu bulan Mei (6) nyaéta ninggang dina poé Senén. Jadi 1 Mei 2017 éta poé Senén.

Dihandap geus disadiakeun tabél Naktu Bulan. Tinggal ningali naktu masing-masing bulan.


Sajaba éta geus dijieun ogé tabél tanggal 1 Maret salila 3 (tilu) abadeun. Taun Basitoh jeung Taun Kabisatna geus dipisahkeun. Tinggal nyocogkeun wungkul loyog jeung conto diluhur.

Perlu ditengetkeun, husus pikeun ngitung tanggal 1 bulan Januari jeung bulan Februari, patokan tanggal 1 Maret dicokot tina taun saméméhna. Upamana urang hayang nganyahokeun tanggal 1 Januari 2017, mangka patokanna ngitung ti tanggal 1 Maret 2016 nyaéta poé Salasa. Ngitung saloba naktu bulan Januari (6) ti poé Salasa, jadi tanggal 1 Januari 2017 éta ninggang di poé Minggu.


Cag heula sakitu. Mugia aya mangfaatna.







Hikmah Muterna Waktu Beurang Jeung Peuting

Pidawuh Gusti Alloh SWT :

Anjeun (Gusti Alloh) nu ngasupkeun waktu peuting ka waktu beurang, jeung Anjeun (Gusti Alloh) nu ngasupkeun waktu beurang ka waktu peuting. (Quran Surat Ali Imron 3:27)

Ayat nu sarua maksudna jeung nu di luhur disebutkeun opat kali dina Al Quran;

1. Surat Al-Hajj (22) ayat 61,
2. Surat Luqman (31) ayat 29,
3. Surat Fathir (35) ayat 13,
4. Surat Al-Hadid (57) ayat 6.

Ieu mangrupa ayat ngeunaan élmu pangaweruh pikeun manusa. Élmu modéren ngabuktikeun yén planét Bumi ngalakukeun dua rupa gerakan puteran;

1. Gerak puteran di tempat dina puseur / sumbu nu disebut rotasi dina waktu sapoé (24 jam). Gancangna puteran nurutkeun Wolfram Research 1.669,97 km/jam.

2. Gerak puteran ngurilingan panonpoé nu disebut revolusi dina sataun (365 1/4 poé). Gancangna nguriling nurutkeun Wolfram Research 107.500 km/jam.

Subhaanalloh!
Gunta-gentina beurang jeung peuting, lilana beurang jeung peuting, ayana angin, usum-usuman jeung nu séjénna éta pangaruh tina muterna planet Bumi dina sumbuna.
Kusabab planet bumi nyanggéyéng mun dipatok tina sumbu Kutub Utara jeung Kutub Selatan nu disebut sudut deklinasi téa gedéna 23°.50', mangka kaayaan planet Bumi nu kakeunaan cahaya panonpoé éta ngalaman teu sarua lilana.

Para ulama tur para ahli astronomi, ti abad ka 4 maséhi kénéh geus loba nu bisa ngitung kana géséhna waktu ogé pangaruhna tina gerakan-gerakan planét tur béntang-béntang, saperti ; Al Farghani (...-870M), Al Battani (858-929M), As Sufi (903-986M), Ibnu Yunus (950-1009M), Ibnu Haitam (965-1039M), Al Biruni (973-1050M), Al Zarqali (1029-1087M), Jabir Ibnu Aflah (1100-1150M), Nashirudin At Tusi (1201-1274M), Ibnu As Syatir (1304-1375M) jeung nu séjénna ngarupakeun inohong ilmuwan dina widang astronomi.

Pikeun nganyahokeun kana masalah géséhna waktu kalawan gemet, posisi panonpoé tur uusuman, éta bisa maké alat nu basajan nu disebut Rub'ul Mujayyab (rubu/kuadran sinus) nu geus aya ti abad ka 4 maséhi tur disampurnakeun ku Ibnu As Syatir ogé Al Khowarizmi.

Pikeun nu pernah diajar kana élmu falak jeung miqot mah ieu pakakas téh moal bireuk deui, bisa nganyahokeun nisful fadlah (géséhna waktu beurang), qousun nisfun nahar (garis busur waktu beurang), meil (deklinasi panonpoé) jeung sajabana. Bisa ogé ku ngagunakeun kalkulator scientific saperti Casio FX 350 D atawa anu samodélna.

Sacara umum ku ningali kaayaan jeung tingkah polah sasatoan ogé tutuwuhan nu aya disabudeureun urang geus bisa dikanyahokeun ngeunaan posisi panonpoé ogé géséhna lila beurang jeung peuting najan teu nepi kana itungan nu saklekna.

Bisa ogé nangtukeun patokan ku tanggal jiga kieu :

Dina tanggal 21 Maret nepi ka 23 Séptember. Kutub Utara déngdék nyanghareup kana panonpoé, akibatna waktu beurang di Bumi beulah kalér lila sabab nampa cahaya anu lega. Samalah aya sawatara tempat di kutub beulah kalér nu waktu beurangna 24 jam.

Tanggal 21 Juni kutub utara beuki deukeut nyanghareupna kana panonpoé, kacirina kunu cicing di daerah hatulistiwa panonpoé cicing tur bijil ogé surup di juru kalér dina 23°,50'.

Tanggal 23 Séptember nepi ka 21 Maret. Kutub Selatan déngdék nyanghareup kana panonpoé, akibatna waktu beurang di Bumi beulah kidul lila sabab nampa cahaya anu lega. Samalah aya sawatara tempat di kutub beulah kidul nu waktu beurangna 24 jam.

Tanggal 22 Désémber kutub selatan beuki deukeut nyanghareupna kana panonpoé, kacirina kunu cicing di daérah hatulistiwa panonpoé cicing tur bijil ogé surup ti juru kidul dina 23°,50'.

Tanggal 21 Maret jeung 23 Séptember. Dina dua tanggal ieu waktu beurang jeung peuting sarua lilana nu aya di beulah kalér jeung kidul. Kacirina kunu aya di hatulistiwa panonpoé aya di tengah-tengah Bumi sok disebut ekuinok.

Dina uusuman, lamun tanggal 21 Maret nepi ka 21 Juni, nu aya di kaléreun hatulistiwa keur usum mararatét jaradi tatangkalan (semi/spring). Di beulah kiduleun hatulistiwa keur usum ngarangrangan (gugur/autumn).

Tanggal 21 Juni nepi ka 23 Séptember. Di beulah kaléreun hatulistiwa keur usum halodo (panas/summer). Di beulah kiduleun hatulistiwa keur usum ngijih (dingin/winter).

Tanggal 23 Séptember nepi ka 21 Désémber. Di beulah kaléreun hatulistiwa keur usum ngarangrangan (gugur/autumn). Di beulah kiduleun hatulistiwa keur usum mararatét tatangkalan (semi/spring).

Tanggal 21 Désémber nepi ka 21 Maret. Di beulah kaléreun hatulistiwa keur usum ngijih (dingin/winter). Di beulah kiduleun hatulistiwa keur usum halodo (panas/summer).


Hususna di tatar Sunda umumna di pulo Jawa, ku rancagéna karuhun urang, bisa maca usum ku ningali kaayaan sabudeureun, nu disebut pranata mangsa.

Usum halodo ti tanggal 22 Juni - 18 Séptember. Dina mangsa Kasa, Karo, Katelu.

Usum Mamaréng ti tanggal 19 Séptember - 22 Désémber. Dina mangsa Kapat, Kalima, Kanem.

Usum ngijih ti tanggal 23 Désémber - 25 Maret. Dina mangsa Kapitu, Kawolu, Kasanga.

Usum Dangdangrat ti tanggal 26 Maret - 21 Juni. Dina mangsa Kasepuluh, Kadésta, Kasada.


Tétéla Maha Kawasa Gusti Alloh nu parantos ngatur kana kahirupan mahlukna.
PidawuhNa dina surat Ali-Imron (3) ayat 190;

إِنَّ فِي خَلْقِ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاخْتِلَافِ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ لَآيَاتٍ لِأُولِي الْأَلْبَابِ

Saenyana dina perkara nu diciptakeun (nyaéta) langit jeung bumi jeung silih gentina beurang jeung peuting aya tanda-tanda (Kaagungan Alloh) pikeun jalma-jalma nu boga akal (malikir).



Sasieureun sabeunyeureun tina ieu pedaran hikmah, mugia janten bahan tafakur urang sangkan jadi hamba Alloh nu pinter sukur, amiin.
Disarungsum tina rupa-rupa sumber.

Sabtu, 23 Juli 2016

Ongér Ketan atawa Bangkerok

ONGÉR KETAN atawa BANGKEROK pikeun urang Sunda mah geus moal bireuk deui. Nyaéta ngaran dahareun sarupa jeung ulén nu bahanna tina béas ketan. Ari ulén mah sangu ketan anu ditutu terus dipoékeun saméméh digoréng atawa digarang. Sedengkeun ari ongér ketan atawa bangkerok téa nyaéta sangu ketan nu dicampuran samara diantep nepi ka tutung dina katél. Biasana ongér ketan sok ditumpangan ku sambel suuk.

Ari cara nyieun ongér kacida gampangna. Prak-prakanana kieu.

Bahan :
- Béas ketan 500 gr.
- Kalapa dua potong.
- Cipati 100 ml.
- Uyah, minyak goréng, sacukupna.
- Suuk meunang ngagoréng 200 gr.
- Cabé, gula sacukupna.

Cara nyieun :
Béas ketan meunang ngisikan digalokeun jeung parudan kalapa, uyah ogé cipati, terus dikarihan nepi ka gigih.

Geus kitu dijait, parinkeun karih gigih kana katél nu geus ditagenkeun sarta diulasan ku minyak goréng (sangkan teu rapet). Antep nepi ka rada tutung handapna. Tumpangan sambel suuk luhureun ongér terus ditutup deui éta sambel suuk téh ku karih gigih, balikkeun ngarah teu tutung sabeulah. Kira-kira geus asak mah ongér diparinkeun kana piring, geus kitu mah kari motongan jeung siap didahar.

Tah kitu prak-prakanana nyieun ongér atawa bangkerok kuliner buhun urang Sunda.

(Foto : Yi Syihabudin)




Jumat, 22 Juli 2016

Nadom Anak Adam

Bismillaahir Rohmaanir Rohiim

Anak adam anjeun di dunya ngumbara
Umur anjeun di dunya téh moal lila
Anak adam anjeun paéh téh nyorangan
Cul anak cul salaki cul babarangan

Anak adam paéh euweuh nu dibawa
Ngan asiwung jeung boéh anu dibawa
Anak adam pasaran téh lolongséran
Saban poé saban peuting gegeroan

Anak adam anjeun kaluar ti imah
Digarotong dina pasaran nu genah
Aduh bapa aduh ibu abdi keueung
Rup ku padung rap ku lemah abdi sieun

Anak adam di kubur téh leuwih poék
Nu nyaangan di kubur téh maca Quran
Anak adam paéh anjeun ditakonan
Malaikat Munkar-Nakir nu nakonan

Anak adam mun teu bisa ngawalonan
Ka malaikat nu dua nu nakonan
Anak adam tangtu keuna éta gendir
Paneunggeulna malaikat Munkar-Nakir

Anak adam lamun amal urang alus
Éta tangtu di kubur téh leuwih mulus
Anak adam sing garetol maca Quran
Pidamareun di kubur téh maca Quran

Anak adam kaluar ti alam barjah
Waktuna téh dina sabada kiamah
Nyaéta dina tiupan nu kadua
Nu dingaranan paniup ba'ats téa.

Cobi diilo tur dilenyepan malahmandar janten panggeuing kanu tibra.

Nadom Isro Mi'roj (Rajaban 3)

Tos netepan bréh katingal jalmi–jalmi
kararumpul para Rosul sareng Nabi
Anu ngadeg anu ruku anu sujud
sadayana nyarembah ka Robbul Ma'bud

Teras malak Jibril Adan sareng komat
pék ngaradeg ngajajar baradé solat
Sadayana ningalikeun ngarantosan
saha – sahana anu bakal ngimaman

Kerewek malak Jibril nyepeng panangan
Kangjeng Nabi piwarang majeng ngimaman
Tos bubar malaikat Jibril pitaros
naha terang saha dipengker ngabérés

Dawuh Nabi duka, dawuh Jibril kapan
sadaya para Nabi sareng Mursaliin
Sadaya para Nabi sareng Mursaliin
ngedalkeun pangalem sinareng pujian

Ka Dzat Alloh nu murbéng sadaya alam
nu Kawasa ngahak sagala pangalem
Teras Nabi kasumpingan ku hanaang
teu lami dua wadah leueuteun sumping

Arak sareng cai susu disanggakeun
Nabi milih cisusu nu dileueutkeun
Dawuh Jibril pilihan anjeun téh tepat
margi mun kana arak anjeun ngaleueut

Pasti umat teuleum dina kalacutan
nu nurut ka anjeun ngan saeutik pisan
Kangjeng ningali kéncaeun batu gedé
widadari nu gareulis sareng saé

Kangjeng uluk salam ka aranjeunna
aranjeunna ngawaler kana salamna
Teras disumpingan Mi'roj nu éndah
ya'ni tarajé paranti naék arwah

Can perenah mahluk ningal anu kitu
margi pohara alusna sareng lucu
Sahambal ku pérak sahambal ku emas
éta kéngéng nyandak ti surga Firdaus

Nadom Isro Mi'roj (Rajaban 2)

Teras dibelék tina legok dadana
sahingga dugi kahandapeun udelna
Dawuh Jibril ka Mikail coba nyandak
bokor eusi cai Zamzam Al Mubarok

Maksad badé ngaberesihkeun manahna
sinareng badé ngajembarkeun dadana
Terasna manah Nabi dikaluarkeun
dikumbah kéngéng tilu kali balikan

Teras dongkap bokor emas dipinuhan
ku mangrupi hikmah sareng kaimanan
Terasna dicicikeun kana manahna
sareng dipinuhan hilim jeung élmuna

Dipinuhan kayakinan kaislaman
teras ditutup jeung dicap kanabian
Tos bérés jol burok atos disélaan
kadalian kari prak baé nunggangan

Rupa bodas jangkung saluhureun himar
sahandapeun bigol anu geus teu samar
Ari ngaléngkahna satungtung tingali
lir kilat dina pada cepet lumpatna

Terus Nabi mios sareng malak Jibril
katuhueun ti kénca malak Mikail
Barang dugi ka tempat seueur kormaan
dawuh Jibril lungsur heula pék netepan

Saatos netepan pok Jibril naroskeun
dimana bieu nya salira netepan
Dawuh Nabi henteu terang na di mana
dawuh Jibril pan éta Toybah namina

Nya kadinya salira téh bakal ngalih
engkéna mah katelah nagri Madinah
Terus baé burok lumpat cepet pisan
dawuh Jibril lungsur deui jeung netepan

Saatosna pok deui Jibril naroskeun
dimana bieu nya salira netepan
Dawuh Nabi duka teuing henteu terang
dawuh Jibril solat anjeun téh di Madyan

Nadom Isro Mi'roj (Rajaban 1)

Assalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Seja ta'dziman, tahriman, watakriman kana di-Isromi'roj-keunna Panutan Alam Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Ieu nadom mangrupi pepeling sangkan langkung mahabbah tur geugeut oge miconto mantenna, amiin.

Bismillahirrohmaanirrohiim

Puji sukur ka Alloh Nu Ngaisrokeun
ka Nabi Muhammad sareng Ngami'rojkeun
Anu ngandung hikmah kanggo percobian
ka manusa rék kupur atawa iman

rohmat sinareng salam mugi limpahkeun
ka gusti rosul anu tos diisrokeun
kitu deui ka aali sareng ka sohbi
umumna mah ka muminin umat nabi

waba'du maka ieu hiji nadoman
apalkeuneun barudak lulumayanan
ari nu dimaksad nyéta badé medar
riwayat isro-mi'roj anu geus mashur

dupi nami kitab pangalapannana
Kitab Dardir ngan henteu sapuratina
mugi-mugi baé aya mangpaatna
ka sakur nu maca sareng ngupingkeunna

nambihan kaimanan jeung kacintaan
ka Kangjeng Rosul anu jadi rohmatan
nganggo bahar rojaz dinadomkeunnana
mustaf'ilun genep balik dibacana

tah ayeuna hayu urang ngawitan
nyarioskeun isro-mi'rojna panutan
tapi poma dina macana sarengan
ku banget mahabbah sareng kaimanan

kacarios hiji waktos Kangjeng Rosul
caket Baetulloh di Hijir Ismail
bari ébog dihapit dua pameget
nyaéta Hamzah jeung Ja'far anu geugeut

nuju kitu sumping Malaikat Jibril
sareng anu sanés sinareng Mika'il
maka terus Kangjeng Nabi dicarandak
ka Sumur Zamzam maksad badé dibelék