ONGÉR KETAN atawa BANGKEROK pikeun urang Sunda mah geus moal bireuk deui. Nyaéta ngaran dahareun sarupa jeung ulén nu bahanna tina béas ketan. Ari ulén mah sangu ketan anu ditutu terus dipoékeun saméméh digoréng atawa digarang. Sedengkeun ari ongér ketan atawa bangkerok téa nyaéta sangu ketan nu dicampuran samara diantep nepi ka tutung dina katél. Biasana ongér ketan sok ditumpangan ku sambel suuk.
Ari cara nyieun ongér kacida gampangna. Prak-prakanana kieu.
Bahan :
- Béas ketan 500 gr.
- Kalapa dua potong.
- Cipati 100 ml.
- Uyah, minyak goréng, sacukupna.
- Suuk meunang ngagoréng 200 gr.
- Cabé, gula sacukupna.
Cara nyieun :
Béas ketan meunang ngisikan digalokeun jeung parudan kalapa, uyah ogé cipati, terus dikarihan nepi ka gigih.
Geus kitu dijait, parinkeun karih gigih kana katél nu geus ditagenkeun sarta diulasan ku minyak goréng (sangkan teu rapet). Antep nepi ka rada tutung handapna. Tumpangan sambel suuk luhureun ongér terus ditutup deui éta sambel suuk téh ku karih gigih, balikkeun ngarah teu tutung sabeulah. Kira-kira geus asak mah ongér diparinkeun kana piring, geus kitu mah kari motongan jeung siap didahar.
Tah kitu prak-prakanana nyieun ongér atawa bangkerok kuliner buhun urang Sunda.
(Foto : Yi Syihabudin)
Mantap
BalasHapusSono kana bamgkerok ketan teh,,,,,mamah nu sok ngadamel😌😘
BalasHapusSono kana bamgkerok ketan teh,,,,,mamah nu sok ngadamel😌😘
BalasHapus