Minggu, 24 Juli 2016

Hikmah Muterna Waktu Beurang Jeung Peuting

Pidawuh Gusti Alloh SWT :

Anjeun (Gusti Alloh) nu ngasupkeun waktu peuting ka waktu beurang, jeung Anjeun (Gusti Alloh) nu ngasupkeun waktu beurang ka waktu peuting. (Quran Surat Ali Imron 3:27)

Ayat nu sarua maksudna jeung nu di luhur disebutkeun opat kali dina Al Quran;

1. Surat Al-Hajj (22) ayat 61,
2. Surat Luqman (31) ayat 29,
3. Surat Fathir (35) ayat 13,
4. Surat Al-Hadid (57) ayat 6.

Ieu mangrupa ayat ngeunaan élmu pangaweruh pikeun manusa. Élmu modéren ngabuktikeun yén planét Bumi ngalakukeun dua rupa gerakan puteran;

1. Gerak puteran di tempat dina puseur / sumbu nu disebut rotasi dina waktu sapoé (24 jam). Gancangna puteran nurutkeun Wolfram Research 1.669,97 km/jam.

2. Gerak puteran ngurilingan panonpoé nu disebut revolusi dina sataun (365 1/4 poé). Gancangna nguriling nurutkeun Wolfram Research 107.500 km/jam.

Subhaanalloh!
Gunta-gentina beurang jeung peuting, lilana beurang jeung peuting, ayana angin, usum-usuman jeung nu séjénna éta pangaruh tina muterna planet Bumi dina sumbuna.
Kusabab planet bumi nyanggéyéng mun dipatok tina sumbu Kutub Utara jeung Kutub Selatan nu disebut sudut deklinasi téa gedéna 23°.50', mangka kaayaan planet Bumi nu kakeunaan cahaya panonpoé éta ngalaman teu sarua lilana.

Para ulama tur para ahli astronomi, ti abad ka 4 maséhi kénéh geus loba nu bisa ngitung kana géséhna waktu ogé pangaruhna tina gerakan-gerakan planét tur béntang-béntang, saperti ; Al Farghani (...-870M), Al Battani (858-929M), As Sufi (903-986M), Ibnu Yunus (950-1009M), Ibnu Haitam (965-1039M), Al Biruni (973-1050M), Al Zarqali (1029-1087M), Jabir Ibnu Aflah (1100-1150M), Nashirudin At Tusi (1201-1274M), Ibnu As Syatir (1304-1375M) jeung nu séjénna ngarupakeun inohong ilmuwan dina widang astronomi.

Pikeun nganyahokeun kana masalah géséhna waktu kalawan gemet, posisi panonpoé tur uusuman, éta bisa maké alat nu basajan nu disebut Rub'ul Mujayyab (rubu/kuadran sinus) nu geus aya ti abad ka 4 maséhi tur disampurnakeun ku Ibnu As Syatir ogé Al Khowarizmi.

Pikeun nu pernah diajar kana élmu falak jeung miqot mah ieu pakakas téh moal bireuk deui, bisa nganyahokeun nisful fadlah (géséhna waktu beurang), qousun nisfun nahar (garis busur waktu beurang), meil (deklinasi panonpoé) jeung sajabana. Bisa ogé ku ngagunakeun kalkulator scientific saperti Casio FX 350 D atawa anu samodélna.

Sacara umum ku ningali kaayaan jeung tingkah polah sasatoan ogé tutuwuhan nu aya disabudeureun urang geus bisa dikanyahokeun ngeunaan posisi panonpoé ogé géséhna lila beurang jeung peuting najan teu nepi kana itungan nu saklekna.

Bisa ogé nangtukeun patokan ku tanggal jiga kieu :

Dina tanggal 21 Maret nepi ka 23 Séptember. Kutub Utara déngdék nyanghareup kana panonpoé, akibatna waktu beurang di Bumi beulah kalér lila sabab nampa cahaya anu lega. Samalah aya sawatara tempat di kutub beulah kalér nu waktu beurangna 24 jam.

Tanggal 21 Juni kutub utara beuki deukeut nyanghareupna kana panonpoé, kacirina kunu cicing di daerah hatulistiwa panonpoé cicing tur bijil ogé surup di juru kalér dina 23°,50'.

Tanggal 23 Séptember nepi ka 21 Maret. Kutub Selatan déngdék nyanghareup kana panonpoé, akibatna waktu beurang di Bumi beulah kidul lila sabab nampa cahaya anu lega. Samalah aya sawatara tempat di kutub beulah kidul nu waktu beurangna 24 jam.

Tanggal 22 Désémber kutub selatan beuki deukeut nyanghareupna kana panonpoé, kacirina kunu cicing di daérah hatulistiwa panonpoé cicing tur bijil ogé surup ti juru kidul dina 23°,50'.

Tanggal 21 Maret jeung 23 Séptember. Dina dua tanggal ieu waktu beurang jeung peuting sarua lilana nu aya di beulah kalér jeung kidul. Kacirina kunu aya di hatulistiwa panonpoé aya di tengah-tengah Bumi sok disebut ekuinok.

Dina uusuman, lamun tanggal 21 Maret nepi ka 21 Juni, nu aya di kaléreun hatulistiwa keur usum mararatét jaradi tatangkalan (semi/spring). Di beulah kiduleun hatulistiwa keur usum ngarangrangan (gugur/autumn).

Tanggal 21 Juni nepi ka 23 Séptember. Di beulah kaléreun hatulistiwa keur usum halodo (panas/summer). Di beulah kiduleun hatulistiwa keur usum ngijih (dingin/winter).

Tanggal 23 Séptember nepi ka 21 Désémber. Di beulah kaléreun hatulistiwa keur usum ngarangrangan (gugur/autumn). Di beulah kiduleun hatulistiwa keur usum mararatét tatangkalan (semi/spring).

Tanggal 21 Désémber nepi ka 21 Maret. Di beulah kaléreun hatulistiwa keur usum ngijih (dingin/winter). Di beulah kiduleun hatulistiwa keur usum halodo (panas/summer).


Hususna di tatar Sunda umumna di pulo Jawa, ku rancagéna karuhun urang, bisa maca usum ku ningali kaayaan sabudeureun, nu disebut pranata mangsa.

Usum halodo ti tanggal 22 Juni - 18 Séptember. Dina mangsa Kasa, Karo, Katelu.

Usum Mamaréng ti tanggal 19 Séptember - 22 Désémber. Dina mangsa Kapat, Kalima, Kanem.

Usum ngijih ti tanggal 23 Désémber - 25 Maret. Dina mangsa Kapitu, Kawolu, Kasanga.

Usum Dangdangrat ti tanggal 26 Maret - 21 Juni. Dina mangsa Kasepuluh, Kadésta, Kasada.


Tétéla Maha Kawasa Gusti Alloh nu parantos ngatur kana kahirupan mahlukna.
PidawuhNa dina surat Ali-Imron (3) ayat 190;

إِنَّ فِي خَلْقِ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاخْتِلَافِ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ لَآيَاتٍ لِأُولِي الْأَلْبَابِ

Saenyana dina perkara nu diciptakeun (nyaéta) langit jeung bumi jeung silih gentina beurang jeung peuting aya tanda-tanda (Kaagungan Alloh) pikeun jalma-jalma nu boga akal (malikir).



Sasieureun sabeunyeureun tina ieu pedaran hikmah, mugia janten bahan tafakur urang sangkan jadi hamba Alloh nu pinter sukur, amiin.
Disarungsum tina rupa-rupa sumber.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar