Senin, 25 Juli 2016

Panineungan : "Kamarana Sora Manuk?" Catetan Panineungan : Yi Syihabudin

Kusabab kuring mah imah téh handapeun kebon awi, anu dikuriling ku balong. Ti mimiti panon beunta nepi ka rék saré deui téh tara leupas ti sora manuk.

Ngawaktu disadana teu bareng, kadang-kadang kuring sok panasaran tatanya ka kolot mun kadéngé aya sora manuk téh, "Manuk naon ngaranna éta nu disada? Kumaha rupana? Sayangna dina naon?" Aya nu kajawab aya ogé anu teu kajawab.

Mun jam satengah genep isuk-isuk geus ramé récét ku Manuk Haur.
Jam 8 - 9, sora manuk Cukahkéh nu hiber bari mawa lauk.

Jam 10, kadéngé Caladi keur noroktok kana tangkal di astana, mareng jeung sora (cenah mah) manuk Ungkut-ungkut.

Jam 9 - 11, sora Tikukur keur ngabekur dina eumbreuk awi.

Jam 1, Cangkurileung nu luluncatan dina dahan awi.
Geus puguh ari Piit jeung Hahayaman mah dina paré jeung dapuran paré unggal waktu disadana téh, manuk Konénét sok ngageleber tina dapuran tangkal konéng bari disada, kadang-kadang Sirit uncuing nu keur begér ngelak waé.

Nincak sareupna Koréak kaluar tina munara masigit bari disada.
Jam satengah 8 peuting sok kadéngé Bebencé (Puyuh jaluna cenah).

Jam 9 peuting Bueuk disada agem dina tangkal cangkring, kadang disadana nepi ka waktu janari.
Bener-bener éndah mangsa baheula.

Aya hiji manuk anu kacida dipikaresepna ku kuring, nyaéta manuk Cukahkéh (Halcyon cyanoventris), rupana éndah sorana tarik, bulu tonggongna / awakna bulao kolot hérang, jangjang jeung buntutna warna bulao ngora ngagenclang, pamatukna beureum, huluna jeung beuheung semu coklat, cékérna beureum.

Aya anu ampir sarupa jeung Cukahkéh téh nyaéta manuk Hurang (Allcedo Atthis), ngan pédah manuk Hurang mah rada leutik meueusan ti Cukahkéh, jeung warnana aya konéngan lebah dada nepi kana beuteungna, pamatukna jeung cékérna warna konéng ogé.

"Cukahkéh...cukahkéh...cukahkéh,"  kitu nu kadéngéna ku kuring bari sakadang manuk hiber tina rérénténg diluhureun balong.

Kahayang téh manusa ulah ngagunasika alam alatan karesep, keun wé antep sangkan alam tetep lastari éndahna.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar