1. WANGENAN
Nurutkeun Kamus Umum Basa Sunda LBBS, tatakrama (undak-usuk) basa téh ngabogaan harti panta-pantana basa atawa tingkatan basa. Harti séjénna nyaéta kasopanan. Jadi lamun urang nyarita henteu maké tatakrama basa, hartina téh henteu sopan.
Dumasar kana harti tadi, jéntré pisan yén dipakéna tatakrama basa Sunda téh nyaéta pikeun silihormat jeung silihajénan dina nyorang hirup kumbuh di lingkungan masarakat.
2. SAJARAH LAHIRNA TATAKRAMA BASA SUNDA
Sajarah lahirna tatakrama basa Sunda, nurutkeun paraahli mah lantaran ayana pangaruh Mataram kana kahirupan jeung budaya Sunda. Waktu Mataram ngéréh sabagian wewengkon Jawa Barat dina abad ka-17, harita lumangsung kontak budaya anu raket antara Sunda jeung Jawa. Loba kabudayaan Jawa anu témbrés asup kana kabudayaan Sunda, kaasup ayana tatakrama basa.
Ari urang Jawana sorangan, meunang pangaruh tatakrama basa téh tina kabudayaan Hindu anu ngabagi-bagi darajat kahirupan masarakat jadi sababaraha kasta, Brahmana, Satria, Waisya, Paria jeung Sudra, anu masing-masing kasta ngabogaan adegan basana séwang-séwangan.
Bukti anu nuduhkeun yén tatakrama basa mangrupa pangaruh ti Jawa, S. Coolsma salah saurang ahli basa urang Walanda kungsi ngayakeun panalungtikan ngabandingkeun 400 kecap lemes jeung 400 kecap kasar basa Sunda jeung basa Jawa. Tina éta panalungtikan, Coolsma manggihan yén 300 kecap lemes jeung 275 kecap kasar dina basa Sunda asalna tina basa Jawa. Tapi dina prosés makéna loba anu dipacorokkeun. Upamana baé kecap abot, impén, anom, bobot, pungkur, sasih, jeung tunggang anu dina basa Sunda mah kaasup kecap lemes, dina basa Jawa mah kaasup kecap kasar. Kitu deui béja, bulan, datang, pindah, suku, jeung numpak anu dina basa Sunda mah kaasup kecap kasar, dina basa Jawa mah kaasup kecap lemes.
Bukti séjénna anu nuduhkeun yén tatakrama basa mangrupa pangaruh ti Jawa kapanggih dina naskah-naskah kuno anu ditulis saméméh abad ka-17. Dina éta naskah bakal ébréh yén saméméh datang pangaruh Mataram kana kabudayaan Sunda - kaasup kana basana - di Jawa Barat basa Sunda can mikawanoh istilah tatakrama basa. Upamana baé dina naskah Carita Parahiangan salah sahiji naskah kuno anu ditulis dina abad ka-16 Maséhi kaunggel salah sahiji obrolan antara Ki Patih jeung Batara Dangiang Guru. Éta obrolan nétélakeun yén baheula basa Sunda henteu mikawanoh tatakrama basa téh unggelna kieu; "Sadatangna sang apatih ka Galunggung, carék Batara Dangiang Guru; "Na naha béja siya, sang apatih?"
"Pun, kami dititah ku Rahiyang Sanjaya ménta piparéntaheun Adi Rahiyang Purbasora."
Lamun ku urang ditelek-telek, kecap carék, dititah, ménta, jeung piparéntaheun téh dina basa Sunda ayeuna kaasup basa kasar. Jadi upama alam harita geus aya istilah tatakrama basa, moal enya pangkat patih nyarita kasar kitu ka batara.
3. KAMEKARAN TATAKRAMA BASA SUNDA
Anu ngamimitian nyebarkeun tatakrama basa di lingkungan masarakat nyaéta golongan paraménak. Ari anu jadi sabab, lantaran jaman kakawasaan Mataram baheula loba bupati jeung ménak unggal taun diwajibkeun séba ka Mataram, Lian ti éta ogé loba paraménak anu ngadon cicing di Mataram pikeun narima paréntah raja bari dialajar kabudayaan Jawa, kaasup kabiasaan ngagunakeun basana. Sabada mulang ti Mataram, kabiasaan urang Jawa ngagunakeun basana ku para ménak diterapkeun dina basa Sunda. Basa lemes anu fubgsina pikeun ngahormat paraménak pohara ditujulkeunana, anu ngalantarankeun dina lingkungan kahirupan urang Sunda katara ayana jurang pamisah darajat sosial.
Sadatangna Walanda ka Indonésia, perbédaan darajat sosial téh beuki atra, lantaran sacara ngahaja Walanda geus nyieun jarak pamisah antara golongan ménak (bangsawan) jeung golongan somahan (cacah). Kaayaan kitu téh terus lumangsung nepi ka derna révolusi nasional anu ditungtungan ku proklamasi kamerdikaan tanggal 17 Agustus 1945.
Sabada merdika, loba jalma mikir sacara démokratis. Basa lemes nu fubgsina pikeun nyarita ka golongan paraménak dianggap teu luyu deui jeung pameredih jaman merdika. Ahirna lumangsung polémik papahaman ngeunaan kalungguhan basa lemes dina alam kamerdikaan.
Dina Konpérénsi Basa Sunda taun 1953 anu diayakeun di Bandung geus disaluyukeun yén basa lemes henteu kudu dileungitkeun. Ngan dina makéna, anu tadina keur nyarita ka golongan paraménak, ayeuna mah dipaké keur nyarita ka jalma anu sakuduna meunang panghormat, utamana nyarita ka saluhureun.
(Dicutat tina buku Tatabasa Sunda: "BUKU WAJIB FESBUKER". Drs. Taufik Faturohman. Penerbit Geger Sunten - Bandung 2016)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar