Jumat, 22 Juli 2016

Nadom Isro Mi'roj (Rajaban 2)

Teras dibelék tina legok dadana
sahingga dugi kahandapeun udelna
Dawuh Jibril ka Mikail coba nyandak
bokor eusi cai Zamzam Al Mubarok

Maksad badé ngaberesihkeun manahna
sinareng badé ngajembarkeun dadana
Terasna manah Nabi dikaluarkeun
dikumbah kéngéng tilu kali balikan

Teras dongkap bokor emas dipinuhan
ku mangrupi hikmah sareng kaimanan
Terasna dicicikeun kana manahna
sareng dipinuhan hilim jeung élmuna

Dipinuhan kayakinan kaislaman
teras ditutup jeung dicap kanabian
Tos bérés jol burok atos disélaan
kadalian kari prak baé nunggangan

Rupa bodas jangkung saluhureun himar
sahandapeun bigol anu geus teu samar
Ari ngaléngkahna satungtung tingali
lir kilat dina pada cepet lumpatna

Terus Nabi mios sareng malak Jibril
katuhueun ti kénca malak Mikail
Barang dugi ka tempat seueur kormaan
dawuh Jibril lungsur heula pék netepan

Saatos netepan pok Jibril naroskeun
dimana bieu nya salira netepan
Dawuh Nabi henteu terang na di mana
dawuh Jibril pan éta Toybah namina

Nya kadinya salira téh bakal ngalih
engkéna mah katelah nagri Madinah
Terus baé burok lumpat cepet pisan
dawuh Jibril lungsur deui jeung netepan

Saatosna pok deui Jibril naroskeun
dimana bieu nya salira netepan
Dawuh Nabi duka teuing henteu terang
dawuh Jibril solat anjeun téh di Madyan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar