Jumat, 22 Juli 2016

Nadom Isro Mi'roj (Rajaban 3)

Tos netepan bréh katingal jalmi–jalmi
kararumpul para Rosul sareng Nabi
Anu ngadeg anu ruku anu sujud
sadayana nyarembah ka Robbul Ma'bud

Teras malak Jibril Adan sareng komat
pék ngaradeg ngajajar baradé solat
Sadayana ningalikeun ngarantosan
saha – sahana anu bakal ngimaman

Kerewek malak Jibril nyepeng panangan
Kangjeng Nabi piwarang majeng ngimaman
Tos bubar malaikat Jibril pitaros
naha terang saha dipengker ngabérés

Dawuh Nabi duka, dawuh Jibril kapan
sadaya para Nabi sareng Mursaliin
Sadaya para Nabi sareng Mursaliin
ngedalkeun pangalem sinareng pujian

Ka Dzat Alloh nu murbéng sadaya alam
nu Kawasa ngahak sagala pangalem
Teras Nabi kasumpingan ku hanaang
teu lami dua wadah leueuteun sumping

Arak sareng cai susu disanggakeun
Nabi milih cisusu nu dileueutkeun
Dawuh Jibril pilihan anjeun téh tepat
margi mun kana arak anjeun ngaleueut

Pasti umat teuleum dina kalacutan
nu nurut ka anjeun ngan saeutik pisan
Kangjeng ningali kéncaeun batu gedé
widadari nu gareulis sareng saé

Kangjeng uluk salam ka aranjeunna
aranjeunna ngawaler kana salamna
Teras disumpingan Mi'roj nu éndah
ya'ni tarajé paranti naék arwah

Can perenah mahluk ningal anu kitu
margi pohara alusna sareng lucu
Sahambal ku pérak sahambal ku emas
éta kéngéng nyandak ti surga Firdaus

Tidak ada komentar:

Posting Komentar