Bismillaahir Rohmaanir Rohiim
Anak adam anjeun di dunya ngumbara
Umur anjeun di dunya téh moal lila
Anak adam anjeun paéh téh nyorangan
Cul anak cul salaki cul babarangan
Anak adam paéh euweuh nu dibawa
Ngan asiwung jeung boéh anu dibawa
Anak adam pasaran téh lolongséran
Saban poé saban peuting gegeroan
Anak adam anjeun kaluar ti imah
Digarotong dina pasaran nu genah
Aduh bapa aduh ibu abdi keueung
Rup ku padung rap ku lemah abdi sieun
Anak adam di kubur téh leuwih poék
Nu nyaangan di kubur téh maca Quran
Anak adam paéh anjeun ditakonan
Malaikat Munkar-Nakir nu nakonan
Anak adam mun teu bisa ngawalonan
Ka malaikat nu dua nu nakonan
Anak adam tangtu keuna éta gendir
Paneunggeulna malaikat Munkar-Nakir
Anak adam lamun amal urang alus
Éta tangtu di kubur téh leuwih mulus
Anak adam sing garetol maca Quran
Pidamareun di kubur téh maca Quran
Anak adam kaluar ti alam barjah
Waktuna téh dina sabada kiamah
Nyaéta dina tiupan nu kadua
Nu dingaranan paniup ba'ats téa.
Cobi diilo tur dilenyepan malahmandar janten panggeuing kanu tibra.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar