Ti béh ditu mula sahenteuna ti abad ka 4 masarakat Sunda geus mikawanoh kana aksara pikeun nuliskeun basa nu dipaké dina waktu harita. Parandéné kitu, ti mimiti kaum kolonial kumawasa masarakat Sunda sasatna dipaksa ku parapangawasa harita sangkan teu maké aksara Sunda kuno nu mangrupakeun salah sahiji ciri budaya Sunda. Kaayaan ieu téh lumangsung nepi ka mangsa geus mardika nu nyababkeun leungitna kabiasaan nulis aksara Sunda kuno.
Abad 19 nepi ka abad 22
Para ahli urang deungeun (upamana K. F. Holle jeung C. M Pleyte) nyakitu deui urang Sundana pituin (upamana Atja jeung E. S. Ekadjati) mitembeyan nalungtik kana sawatara prasasti jeung naskah heubeul nu maké aksara Sunda kuno. Dumasar kana hasil panalungtikan ieu, mimiti hudang sumanget jeung kasadaran kana aksara Sunda kuno anu ngarupakeun idéntitas has masarakat Sunda. Kusabab éta Pamaréntah Propinsi Jawa Barat netepkeun Perda No. 6 taun 1996 ngeunaan Pelestarian, Pembinaan, dan Pengembangan Bahasa, Sastra, dan Aksara Sunda nu satuluyna digenti ku Perda No. 5 taun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, dan Aksara Daerah.
21 Oktober 1997
Lokakarya Aksara Sunda di Kampus UNPAD Jatinangor nu dilaksanakeun gawé bareng Pemda Propinsi Jawa Barat jeung Fakultas Sastra Universitas Padjadjaran. Tuluy hasil rumusan tina lokakarya éta dijadikeun bahan ku Tim Pengkajian Aksara Sunda. Ahirna dina tanggal 16 Juni 1999 kaluar SK Gupernur Jawa Barat No. 343/SK.614-Dis PK/99 nu netepkeun yén rumusan hasil lokakarya jeung Tim Pengkajian Aksara Sunda ngarupakeun Aksara Sunda Baku.
Kiwari éta aksara Sunda baku geus loba dipaké nulis ngaran jalan atawa kantor instansi boh pamaréntahan atawa swasta.
Rupana Aksara Sunda Baku
Ari Aksara Sunda Baku éta kawengku ku ;
- Aksara Swara (Aa, Ii, Uu, Éé, Ee, Oo, Eueu).
- Akasara Ngalagena / Konsonan (Ka, Ga, Nga, Ca, Ja, Nya, Ta, Da, Na, Pa, Ba, Ma, Ya, Ra, La, Wa, Sa, Ha, Fa, Va, Qa, Xa, Za, Kha, Sya).
- Rarangkén(Panghulu, Pamepet, Paneuleung, Panglayar, Panyecek, Panyuku, Panyakra, Panyiku, Panéléng, Panolong, Pamingkal, Pangwisad, Patén/Pamaéh)
- Angka, jeung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar